Title: Message
Kang, sasih kamari abdi ka dalem kaum.
Gigireun pasar kota kembang, aya gedong
enggal, di lebetna teh anu icalan vcd, dvd
sareng mp3 bajakan sadaya. sa lantai teh
di bagi sababaraha toko, da seueur pisan
toko na teh malihan aya hiji toko anu
ngical cd sareng mp3 wungkul............
laguna lengkep ti musik rock, jazz, bosanova,
lagu heubeul (40an, 50an, 60an), disco,
lagu indonesia ge aya, asa na mah ningali kacapi suling
sareng degung. Mung bajakan sadaya.
 
Upami hoyong anu sanes bajakan mah
cobian di disc tara, upami di jakarta mah
di Kelapa Gading Mall anu abdi terang
lengkep cd na.
 
Atanapi cobian di toko De Zon jalan asia afrika
bandung, rada ka lebet sakedik, aya toko alit
icalan kaset sareng ph (piringan hideung) tilas.
Sok mendakan kaset atanapi ph taun lawas.
 
wilujeng moro.......
 
ks
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Buyung NulHakim
Sent: Friday, July 22, 2005 9:58 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Parancah jeung Kacapi MP3

Punteun ah ngirigan ngariung oge.
Kapungkur abdi meser mp3 kacapian+doel sumbang (punteun bajakan) di bandung ngan ukur 10rebu hiji, meserna dialun-alun, duka tah ayeuna PKLna aya masih aya.Abdi meser dua, atos gaduh lagu 189 lagu kitu.

gilang_tresna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikumsalam Wr.Wb.

Wilujeng enjing Kang/Bapa Dadang (nyebatna kumaha nya ieu teh?)
Hapunten pisan abdi teu gaduh CD nu dimaksad. Kaleresan abdi di
Jepun-na sanes di puseur kota, tapi di Sapporo (Hokkaido, Jepang
kaler). Saemut abdi, asa teu acan kantos mendakan CD kacapian di dieu.
Duka tah pami abdi kirang taliti laha-loho di tokona:D
Ngadamel nyalira wae kitu ieu teh...:D))
Ngahaleuang sorangan he..he..
Hanjakal teu aya kacapina, barina ge ketang teu tiasa ngacapi abdi mah:D
Kapungkur rerencangan aya nu kagungan CD Cianjuran (mamaos), saurna
mah anjeunna ngagaleuh di Bandung. Seueur panginten di Bandung mah:)

Wassalam,
Gilang
http://www.senandungbunda.4t.com
  
================teuk-teuk==============


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke