Pih ! manawi atuh da teu kamana mana, ngadepong we bari noong disela-sela bilik.
Komo basa si apih, ngadongeng juwar jiwir mah, abdi bati nyeuleukeuteuk we. Asli !
Kira-kirana mana nu dijiwir, pami kolor dieusian dompet...hehe.
 
Unggal kopdar , enya bati kumerot we, pih. Bati hoyongna, tianggalna sok didadago
ngan edas dina emprona mah sok paketrok sareng acara sanes. Keun kapayunna
panginten nya, pih !
 
Kanggo kang Roisz, pangesto kang ! abdi mah teu tanggel waler bin teu sanggeum
upami hoyong sagede songsong mah, mangga we angkat nyalira ka cisolok..he..he.
 
Kanggo ka teh Lies, hatur nuhun kana perhatosanana, ieu teh Lies Paris tea sanes.
saurna bade on er. Punten pami lepat !
 
Kanggo kang Dani, kang Boim, sareng kusnet mania sanesna. Piss lah ! he he.
 
Sakantenan bade ngawilujengkeun kanggo kang Yani sareng Kang Z.A. Muslim,
anu nuju milangkala, pamugi salamina aya dina kawilujengan. Amin.
 
Punten, saur sepuh mah meh teu rarat samara, waleranana digabung. Marangga!
SR
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, July 22, 2005 10:31 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Neangan Tutup (Keom sakedap)

Tahhh... geuning ngurunyung oge..., tos ti mana ieu teh mani ampleng-amplengan...
diantos keomna teu aya ..., atuh kapaksa kamari ieu teh diselangan saoleseun..
diantosan kaping 26 Juli 2005 kopdar di Ciapus lebeng..., padahal tos aya info bade ngiringan.., diimpleng bakal pirameeun da raja keom bade hadir...
 
 ssw


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke