Ngarawu ku siku
Ceu asih artis dangdut di bojong kenyot huleng jentul di pipireun imahna ngahuleng bari jeung bolak-balik lelempangan, kutan teh sanggeus di tanya ku si ema yen manehna minder ku babaturan panyanyi lain nu sagrup jeung manehna eleh ku penampilan nu irung maranehna geus di operasi sangkan jadi bangir, beuteng, ceuli jeung irung geus ditindik anting beusi, buuk geus di pulas warna-warni lir ibarat hayam jalu padahal buceri alias bule cet sendiri, halis geus di kurud terus di kandelan make patlot gambar jeung patlot halis, "cilaka uing bisa moal aya nu nyawer kieu carana mah, kuring hayang siga agnes monica nu dinu tv tea euy", pokna manehna nyarita ka si popon babaturana. Aya kaleuwihan nyi  Asih teh nyaeta boga sora anu alus nyaeta boga sora jiga cicih cangkurileung. Unggal peuting sanggeus show irungna anu katincak ku gajah dibetotan sugan jeung sugan isuk2 irung urang jiga Tamara Blesinki ceunah bari ngasupkeun duwit tilu puluh rebuan hasil tinu nyawer tadi beurang kanu bajuna anu katingali bujalna bijil . Tapi nyaeta kitu jeung kitu weh eta bentuk irung teh sakapeung ku babaturan sok di calukan si kutil, deuh nyi Asih beuki sedih, untung manehna apal lagu "ulah cerik" jeung lagu guns 'n Rosis "Don't cry".    
 
Sakapeung si ema sok gogodeg ningali kalakuan si asih dilembur, saprak mirakeun maneh ka si ewod anu pagaweanna juday jeung juday bari mamawa arak ka imah unggal balik subuh ka imah majarkeun teh nurutan Drunken master si cen lung tea, ari budak hayang jajan tara di bere pamajikan tara diparaban, sangkan kalakuan nyi asih jadi kitu, "kuring kudu maraban budak jeung si ujang kudu sakola nu bener, tong nepi siga bapana atawa siga kuring pokna nyi asih ngomong kitu ka si ema, aya ku pikadeudeuh jeung kayungyun eta tujuan teh, tapi nyaeta kalakuana kiwari beuki maceuh, "sugan jeung sugan sanggeus irung urang robah, duda lurah bojong lesong nu biasa nyawer ka uing beuki kabungbulengan ngajak uing kawin,... kitu pokna teh.
 
Manehna meunang beja yen di lembur tatangga aya haji luna nu bisa mancungkeun irung, loba pasiena teh, der weh manehna mangkat ka eta lembur bari mamawa hasil usaha nyanyi, kieu pokna teh :
Nyi asih : "Pak Haji abdi hoyong mancrit, mancung, jeung bangir "kabeh basa anu nunjuk kana irung di bejakeun ku manehna.
Haji Luna : "Tiasa neng ngan tong kaduhung nya !, biasana kaduhung mah tara tiheula".
Nyi Asih : "Moal, da abdi mah kadieu teh pamaksadan teh geus buled, nyaeta hoyong bangir tea.
Haji Luna :"Nya sok atuh, kadieukeun irungna, urang betotan bari dijampean.
 
solosor nyi Asih ngasongkeun beungeutna....., nepi ka tilu jam eta irung di oprek ku Haji Luna. hasiiiiiiilna, irung nyi asih bareuh sagede ramo Ade Rai, hayang ngagorowok nahan kanyeri tapi nyeta era ku pasen nu lain.Nepi ka imah, nyi Asih masih nahan kanyeri akhirna nyi asih teu katahan bakat kunyeri, njajerit perih...., ngoceaaak maratan langit, duh gustiiii !!!!!!
 
Tepikeun ka saminggu masih karasa, sabulan...dua bulan ....naha irung nyi Asih jadi mancung ka gigir siga ekek paeh naplok dina irung malahan tetempoan jadi kahalangan kahareup."Duh...... pokna teh pantesan saacana diomat2 tong kaduhung, da kieu geningan akhirna teh, pantesan si ema nyarita "tong ngarawu ku siku, kudu syukur ka kaayaan nu aya, tong kalelewihan". (DW)
  
      
 

This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete this message and inform the sender immediately.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke