Haturan kang Dadang..........
Wilujeng gabung di MIlis Urang Sunda, anu dipikameumeut ku sadayana. Nepangkeun si teteh anu dumuk di Wetan kota pahlawan tea, kamari mah waktos ka bandung tepang sareng rai kang Im malih nyarioskeun kang Dadang teh dokter anu sok ngabedel tulang. Tah atuh asa kaleresan pisan  tiasa konsultasi perkawis ngabedel tulang, tos lami hoyong nepangan dokter anu ngalereskeun tulang si teteh mung anjeuna saurna nuju sakola di luar, janten katunda.
Kumahanya kang...! konsultasi teh tisa teu ngawaleran patarosan si teteh ngalangkungan serelek..? kitu oge upami teu kaabotan, atanapi kedah kumaha..? panginten seueur kasibukan siteteh ngadon ngaririweuh..! kitu kang Dadang. Hatur nuhun.
 
Salam baktos
teh tien


dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Punten Kang Joni..(noel na kirang tarik..) Abdi wasta Dadang Rukanta,
ayeuna damel di rumah sakit purah 'ngabedel tulang' (Orthopaedic
surgeon), bibit buit ti Kp.Nagrak kalangkungan mun bade ka
Conggeang-Buah Dua, handapeun gunung masigit/Tampomas (teu ngaku
paseh ah.. da tos kawakilan ku pun adi/IIm).
Ku rareuwas di absen aya naon.. bade kopdar oge, hayu atuh di
Bungkeng we bari nyoel tahu, atanapi di taman endog kitu hehe.. :). 

Teh Gilang.. di saporo (tiris salalawasna meureun nya.) damel dimana?
Manawi gaduh info di saporo, abdi nuju milarian Paguron Luhur kanggo
S-tilu, widang kedokteran (nuhun2 ngeunaan 'bone enginering"). Emutan
abdi mah perkawis riset saporo kalebet punjul di jepun mah. Manawi
aya beja nu tiasa manfaat kanggo abdi. Palayna mah di Nagoya deui,
mung tacan aya jodo.   hatur nuhun
DR.


           
__________________________________
Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour:
http://tour.mail.yahoo.com/mailtour.html

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke