Baraya,
 
Najan tos seueur nu mairan ieu jejer, kuring aya komentar sakedik perkara eusi artikel siksa kubur tea. Numutkeun panitenan kuring, naon anu ditanyakeun ku baraya, utamana kang Dudi jeung kang Cepot, jigana lain perkara naon ari alam kubur teh. Sabab asana, numutkeun itungan kuring, kurikulum pangajaran Agama di SD nepi ka SMA, asana geus cukup pikeun ngajelaskeun naon ari alam kubur teh. Komo deui upama ditambah sakola agama jeung masantren mah. Jigana nu jadi kapanasaran baraya teh (kaasup kuring), eta eusi artikel rada "ngeleketek" logika. Jiga artikel nu kungsi dibahas ti heula, nu ngagambarkeun kumaha leupasna nayawa dina badan.
 
Lebah mana "ngeleketek"-na?
 
Memeh noong perkara ieu, urang definisikeun heula tilu perkara, nyaeta: alam nyata, alam maya, jeung ghaib. Pikeun ngabedakeun naon bedana eta tilu alam, urang make rumus 3-i (indra, ilmu/akal, jeung iman). Jadi kira-kira, alam nyata bisa didefinisikeun alam nu kaudag ku indra: alam nu bisa katinngali ku panon, kadenge ku ceuli, karagap ku leungeun, jeung kaangseu ku irung. Alam maya, jigana bisa dihartikeun alam nu bisa kaudag ku ilmu/akal. Paham yen panonpoe teh pusat tata surya anu jadi pusat edar salapan planet, bisa disebutkeun alam maya. Sabab nepi ka ayeuna oge tacan aya jelema nu bisa ngaleupaskeun maneh kaluar dina pusat tatasurya, terus bisa noong jiga kumaha runggunukna galaksi bima sakti teh. Jelema teh percaya we, sabab bisa dibahas ku elmu panagweruh, loba mangpaatna lamun percaya. Sabalikna lamun teu percaya loba mudharatna, elmu pangaweruh transportasi udara moal mekar jiga ayeuna upama teu aya asumsi percaya kana sistem tatasuya anu dianut ayeuna. Kitu deui Internet, bisa digolongkeun kana alam maya. Jiga nu ku urang bisa kasaksian ayeuna.
 
Ari alam ghaib, jigana bisa dihartikeun alam nu ngan bisa kaudag ku iman. Kapercayaan kana alam ghaib lolobana mah teu bisa di udag ku ilmu/akal, komo ku indra mah. Alam kubur kaasup alam ghaib. Najan aya sababaraha katerangan, boh dina Qur'an atawa hadist, nu nerangkeun yen Rosululloh pernah mertelakeun perkara alam ghaib, jigana perkara ieu leuwih ngandung pesan simbolik. Perkara alam ghaib umumna ngan aya dina wacana agama. Ari masalah agama umumna ngan bisa di udag ku iman. Urang teh nurut we geuning, upama hitut kudu wudhu. Arang nu tumanya, kuanon ari nu hitut bujur tapi anu dikumbah beungeut. Upama pirajeunan nanya ka ustad, tinimbang dijawab meureun kalah dipolototan.
 
Ayeuna pasualanana, upama urang ayeuna aya di alam nyata, naha bisa noong ka alam maya, kitu deui noong alam ghaib? Jiga noong alam kubur. Ari alam maya mah geus kabuktian, bisa dipetakeun ("mapping") ka alam nyata. Energi listrik teh maya, lamun teu percaya pek colok kabel listrik ku curuk, piraku teu ngagurubug. Internet teh maya, tapi urang bisa ngawangkung tanpa wates geografi. Ayeuna ari alam ghaib (contona alam kubur), naha bisa ditoong di alam maya? Tah lebah dieu eusi artikel siksa kubur teh, "ngeleketek" logikana. Kuring moal ngajawab bisa heunteuna. Ngan urang toong kumaha balukarna. Upama tea mah alam kubur bisa ditoong make perangkat teknologi (jiga make mikrofon pikeun ngarekam siksa kubur), tangtu bakal bisa diidentifikasi saha nu keur di siksa teh. Ayeuna upama nepi ka identifikasi nini aki hiji jalma nu masih hirup, katoong keur disiksa. Pisakumaeun  akibatna ka anak incu nu masih hirup. Wallahu'alam.
 
Salam,
MH

 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Start your day with Yahoo! - make it your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke