----- Original Message ----- From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, July 20, 2005 9:11 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Artkel Dawam Rahardjo : Teror atas Ahmadiyah dan Problem Kebebasan Beragama
> Hatur nuhun Kang Jaka kana informasina. Sami sim kuring oge > henteu panuju ka Akhmadiyah teh ngan sim kuring mah teu satuju > pisan lamun cara-cara heuras ( kekerasan) jiga kamari di Parung > Bogor dilakukeun. Nu kahijina mah kalakuan kitu teh ngarusak aran > Islam nu kaduana ngalanggar kontitusi nagara urang nu ngajamin > kabebasan beragama. Sakaterang sim kuring mah aliran Akhmadyah di > Indonesia teh parantos lami, parantos 80 taun, malah di Bandung > aya masjidna sagala, lamun teu lepat mah aya dua, nu hiji di > Cikutra nu hiji deui di Bojongloa. Salami ieu sim kuring teu > kantos ngadangu dua masjid ieu diserebu atanapi ditutup. Sami Kang ! abdi satuju sareng pamadegan akang. Eta mubarok anu diserang tos ngadeg aya kana 20 taun di Parung. Sakulian wilayah Parung mah apan seueur pisan pasantren jeung warung remang-remang tea, tara kadanggu aya ribut2 antar pesantren. Nu sering kadanggu kukuring antara pesantren jeung warung remang-remang sering ribut, di Parung mah nu dibeuleum lain suluh tapi warung...hehehe. Jigana ribut ayeuna mah aya ber "Koalisi" anyar dengan musuh bersama nu anyar katambah provokasi pihak luar......hahahah. > Perkawis buku "Ada Pmurtadan di IAIN", sim kuring mah teu acan > maca, janten teu tiasa komentar naon-naon. Ngan ari perkawis > Dawam Raharjo, sakaterang sim kuring mah anjeunna teh mantan > ketua Muhammadyah, ormas Islam nomor dua pangageungna. Rada aneh > oge aya tilas ketua Muhammadyah dianggap tokoh/ pembela > "pemurtadan". Nu jelas mah, kuring mah jadi lieur, cenah Islam > teh kudu ngahiji, tapi geuning kanyataanana diantara tokoh Islam > kalahka silih tuduh "sesat". Perkawis Islam kudu ngahiji mah terus terang teu aya tidituna, ti tempat asalnya geus teu ngahiji, kabayang mun urang rek milu nurutan, kabeh ge ngakuna nurutkeun Alquran jeung Hadist. Ngan eta meureun, ngajina ngaji "kahayang" sewang-sewang..hehe. Mangkaning diurang geus aya "kembangna". ....Bade kumaha ngahijikeunana?... Rada hese yeuh waleranana...loba teuing semah, loba teuing nu neangan kahirupan katambah lila dijajah, sesah ngahijikeunana komo bari jeung teu terang silsilah............mungkin rumput yang bergoyang tau jawabannya...hahahahah Salam Tajiimalela Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

