Duka kunaon cenah ari VCD damelan ti bandung langkung rame manan VCD daerah sejen. Contohna anu ti lombok sareng timana deui geuning. Saurna mah teu pati laku dibandingkeun anu ti bandung mah langkung laku cenah, saperti contohna VCD waktos barudak Itenas tea, Belum ada Judul, anu ti ENHAI. Anu enggal mah Gadis Dago. Tapi saurna anu dago mah pamaenna sanes urang bandung tapi mojang ti filipina, ngan didamelna di bandung nyaeta dago tea, tapi duka ketang ieu ge saur gosipna.
Ngan eta we kunaon ari VCD bandung mah langkung rame dicarioskeun/langkung "payu". Mun aya VCD atas nami bandung pasti laku. Duka pedah nami "bandung-na" kitu, "pamaen bandungna" atawa ku "mojang bandungna", sigana teh matak panasaran kanu bade nongtonna. Atanapi gejala ieu teh saprak aya VCD anu barudak Itenas tea kitu, anu kacolongan, Bandung Lautan Asmara tea.
Punten nya ieu mah mung janten patarosan teh kunaon, ada apa dengan bandung kitu!!
 
 
Neng Iva

"R. Duli Dimyati D." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Nu ayeuna nuju rame mah matak pikaeraeunÂ…NYIEUN VCD!!!!

 

-----Original Message-----
From: Hepi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 25 Juli 2005 15:51
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] peterpan

 

urang bandung mah malotekar, kreatif jeung inovatif, ti baheula ge nu jaradi penyanyi loba ti bandung kawas dedi stanzah, gito rolies, ka ayeunakeun nicky astria, terus panganyarna nya java jive, jamrud jeung peterpan

 

nu lawak geu loba deuih, ti mulai angkatan kang ibing, abah us us terus kana lawak kontemporer sapertos project p

 

Eta lawak model parodi project p baheula mah unggal agustusan sok di pentaskeun ku barudak tarka (karang taruna), ngan anu enya di garap nya ku group project p , jadi weh duit.

 

Dinu bisnis oge kreatif  urang bandung mah, maruka fo (factory outlet) nu cikal bakal na ti cihampelas jeung pasar tamim (bener teu kitu ?)

 

Naon deui ayeuna nya nu keur rame di bandung?



Start your day with Yahoo! - make it your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke