Assalamu alaikum wr wb
Punten baraya, mun aya anu tos laporan. 

Kamari basa malem saptu kuring ditelepon ku Gan Atep--Pemred Majalah
Warta GEMA JABAR tea--yen aya acara inohong di Hotel Salak Bogor. 
Bade ngawartosan sadayana, mung da ditelepona teh geus jam satengah
dalapan peuting. jadi rada gura giru da bisi kapetingan. 

Dugi ka Hotel Salak, rada hemeng. Aya pager ayu anu gareulis tur
karasep. Anu matak rieut mah, babaturan geus dijero, terus sakabeh anu
rek asup kudu setor undangan. Kuring pa teu boga. Rek nga SMS keur teu
aya pulsa. Bingung!

Katinggali rada bongoh, kuring asup rerencepan. geus dijero tepang
jeng sekjen Gema Jabar Kang Djaka Badranaya anu keur ngobrol jeung
Djuanda--staf ahli Menkopolhukan tea--. Kuring diuk didinya, aman!
teurus uplek ngobrol jeung Djuanda da rada wawuh deuih. 

Acara teras dibuka ku Aom KUSMA. Rada loba heureuy si eta mah. 
Teras sambutan ti Kadinas kabudayaan Jawa Barat, teras sambutan ti
Kang Dhani--wali kota bogor-- teras aya presentasi ngenaan acara anu
rek dilalksanakeun tanggal 13-15 agustus ngenaan napak lacak sajarah
sunda tea. 

teras aya rampak kendang ku gadis2 anu gareulis. "hebat", ceuk
babaturan teh da geus tepung. geuning nalika ngagitek, geolna langkung
"heboh" batan Inul, cenah. kuring teu pati ninggali nu karitu da rada
teu resep teuing kunaon. Ngan ninggalian pamenteu nu pang geulisna we.
he...he...

Ti dinya teras tampil grup lawak US tea, nyaeta SOS. Wah rame tur
hebat. Si OGI basa inggrisna mani hade, komo basa sundana mah. 

Tos eta, satiap undangan kudu ngesi sabaraha arek nyumbang cenah. Eta
oge make mojang anu gareulis oge. 
Kusabab ditagih anu karitu kuring nguliwed balik ngabiur mangprung ka
imah. he...he... asa teu rido tu da. 

Ngan anu jadi patarosan kuring, ari KUSNET teu kaitung kitu ku maranehna? 

Baktos

tantan




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke