Dupi kecap "si kuring" ti mana kawitna kang ? Kinten-kinten kapi kumaha kana kecap "pun aing" ?? ......... (dina hate uing seuri, seuri maur tea) .....
Salam,
rdkhmmkk
Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Katinggalina masih seueur kénéh sok aya anu lepat ngalarapkeun kecap "pun" saméméh kecap rama, ibu, bojo, anak. Contona: ngiring béla sungkawa ku ngantunna "pun rama" kang Anu. Kecap "pun" di dieu jelas lepat; margi "pun" téh kedah dilarapkeun keur "dirina" sanés keur batur. Contona:pun bapa hartosna bapa kuring, pun anak (anak kuring) ssb. Kanggé batur mah kecap anu paling pas téh, nyaéta "tuang". Tuang rama hartosna bapa anjeun, tuang putra hartosna anak anjeun, ssb. Kecap "rama", "ibu", "putra" ogé teu loyog digunakeun keur sadirieun urang, janten teu merenah lamun disebatkeun "pun rama" (pantesna pun bapa), pun ibu (pun biang), pun putra (pun anak). Kecap "rama", "ibu", "putra" kedah dilarapkeun keur diri batur, saperti : tuang rama (tiasa ogé tuang bapa), tuang ibu (sanés tuang biang), tuang putra (sanés tuang anak).Kumargi lepat ngalarapkeun, sakapeung sok aya kajantenan anu pikaseurieun. Dina hiji waktos sapasang awéwé -- lalaki dongkap kana hiji uleman. Saur anu gaduh hajat téh "alhamdulillah tiasa sumping sareng pun bojo ....................
Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

