saperti biasana, unggal maca keom ti kang syam mah, matak dipelong ku batur sakantor, ngan kaleresan ayeuna pada keur tugas luar, janten nyalira di kantor

hahahahahahahaha .... (dugi ka email ieu dikintun can beres seuri tina tri in wan)

On 7/26/05, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
 
----- Original Message -----
From: karuhun anom
Sent: Wednesday, January 28, 2004 3:53 PM
Subject: [UrangSunda] KEOM minggu ieu

Flu Burung
Didi jeung Dede keur uplek ngobrol ngenaan panyakit aneh anu nerekab ka bangsa hayam anu katelah "flu burung".
Didi    : " Eh nyaho teu, hayam Didi...hayam Didi mah keul kaselang flu bulung !" (rada cadel)
Dede  : " Nya kumaha kitu tanda tandana ?"
Didi    : " Eta we, waktu diteang dina kandangna kasampak suwung, ngan dina pantona aya tulisan
              "ulah diteangan, uing keur ka puskesmas !"
Dede  : " Beu boa boa hayam uing ge keul kaselang flu bulung oge euy !"
Didi    : " Nya kumaha kitu ?"
Dede  : " Eta we geus tilu poe hayam uing sok kadenge beresin wae !"
 
Laohan siaki
Aki    : " Basa imlek kamari lauk laohan siaki ngadadak aya tulisan mandarin !"
Incu   : " Naon tulisanana ki ?"
Aki    : " Gong Xi Fa Cai " tah ayeuna geus robah deui tulisanana jadi basa inggris !
Incu   : " Naon deui cenah ?"
Aki    : " Happy Birthday to you, sabab aki isukan ulang taun !"
 
 
Gara-Gara Tri in Wan
Mitoha     : " Béjana ujang nék kawin deui ?" ( rada teugeug )
Minantu   : " Muhun Pa, éta gé pami diwidian ku sadayana !"
Mitoha     : " Naon kurangna atuh anak bapa téh bét hayang kawin deui, pan anak
                   bapa mah sakitu bageurna, keur bageur téh geulis tur singer deuih".
Minantu   : " Ih puguh wé ari éta mah, ngan di émut deui rumah tangga tos lima
                  taun tacan gaduh bati waé. Tah anu kadua matak hoyong milari deui
                  gé, gara-gara waktu tri in wan diperpanjang ti jam opat dugikeun ka
                 Jam tujuh soré.
Mitoha     : " Naon hubunganana tri in wan jeung niat kawin deui ?(rada muncereng)
Minantu   : " Pan gaduh bojo dua mah upami kaditu kadieu nyandak mobil téh heug
                   kaleresan ngalangkung jalur tri in wan teu kedah nyéwa joki, nya
                   candak wé pun bojo dua duana.
Mitoha     :  ( sajongjongan ngahuleng ), Heueuh aya benerna ogé, méh ngirit
                  ongkoh".
Minantu   : " Jadi bapa nyatujuan!" ( semu atoh )
Mitoha     : " Lain kitu Jang, ngan bapa gé nék buru-buru bébéja ka si ibu yén
                   tri in wan téh diperpanjang.
Minantu   : " Maksad bapa ?"
Mitoha     : " Itu meungpeung aya randa anyar di lembur sabeulah !"
Minantu   : [EMAIL PROTECTED]
 
syam ridwan

--Roisz Tea
Mugia Urang Balarea Aya Dina
Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujeungan
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke