Yeuh kuring tukang nyieun palupuh. Hehehe. Kieu nyieunna. Awi gede dipotongan kira-rira panjangna aya kana 3 meteran. Guluntungan awi teh terus tiap bukuna dikadekan ku kampak atawa bedog buntet. Jarak antara tiap kadekan, kira kira anggangna 1cm. Ngan ngadekna ulah tarik teuing oge ulah alon teuing. Tapi kudu parat nepi ka jero. Jadi kudu latihan heula, mun hayang bisa nyieun pauluh teh. Konsentarsi jiga latihan kungfu, ngarah ngadekna pas.
Biasana posisi kadekan antara tiap buku disilang, ngarah teu gede beulahanana jeung teu manjang. Sabab lamun manjang urut ngadekna, engkena bisa jadi rongrang. Inget keneh sugan kana rongrang dina dongeng taraweh di tajug baheula. Tah upama tiap bukuan awi geus dicacagan, kakara dibeulah jadi rubak. Saterusna tinggal ngalusan ngarautan, urut bukuan jeroan awi dipiceun. Tah ieu palupuh teh saterusna sok dipake alas imah atawa saung. Salam, MH --- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Puguh nu disebut PALUPUH teh eta: awi nu diratakeun > pikeun alas imah > panggung, biasana diamparkeun luhureun dadasar > papan. Mun teu salah eta > ge... > > jk > > On 7/26/05, Dudi Herlianto > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Punten bilih sim uing lepat... > > Di lembur kuring, Banjar Asih Sumedang, aya keneh > imah nu ngangge bilik, > > lantena palupuh, ngan palupuhna tina awi sanes > tina papan (biasana awi > > Surat). si awi di jieun sina nemprak (namprak).. > duh bingung ngajelaskeunna > > ke upami aya potona urang kintunkeun... upami > lanteina tina papan nya di > > sebatna teh lantey papan we. ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

