Baraya,
 
Di sisi lembur, hiji waktu Mang Dori jeung Bi Enjum keur miresepkeun siaran pkk tina radio bab nyieun combro. Kusabab siaran ti radio komunitas (rakom) anu keur meujeuhna maceuh, gelombang siuaran teh mindeng ngarangkep. Harita oge siaran pkk bab nyieun combro teh ngarangkep jeung siaran pkk bab ngurus budak ti radio anu hiji deui.
 
Mimitina mah siaran teh lancar kaharti saperti biasa, tapi lila-lila kulantaran patembalan jadi teu puguh. Kieu geura siaran radio rangkep anu katarima ku Mang Dori jeung Bi Enjum teh:
 
"................para wargi sadaya...dinten ieu urang ngaguar bab nyieun combro......", ceuk radio nu kahiji. "Para wargi sadaya...dinten ieu urang ngobroikeun soal ngurus budak...ti mimiti ngamandian budak nepi ka nyusuanana....", ceuk radio nu hiji deui. "Ngawitan...sayogikeun sampeu sacukupna....", ceuk radio nu kahiji. "Ngawitan, siapkeun cai haneut kuku dina baskom bari murangkalihna diajak ulin heula...dioconan", ceuk radio nu hiji deui. "Teras...dipesek", ceuk radio nu kahiji. "Saparntos sayogi...teras dilaan bajuna", ceuk radio nu hiji deui. "Tos kitu teras ditutuan nepi ka lembut".....teras bae diwasuh heula ku cai haneut........"Tos lembut  mah diemple-emple bae"..........."Teras disabunan sing rata....."..........."teras bae dilebetan oncom sacukupna...."........"Teras dikeueumkeun bari digosokan lalaunan, kade ulah dikerelepkeun.....". Kitu eta siaran ti dua radio patembalan. Mang Dori jeung Bi Enjum mimiti ruangah-ringeuh bari olohok.
 
"Saparantos diocoman....siapkeun panggorengan...minyakan jeung ageungan seuneuna....anu tos dioncoman jejerkeun"......"tos rada lami mah teras bae diandukan....."....."saterasna adonan teh dilebetkeun kana panggorengan hiji-hiji....."..............."teras didapangkeun, baluran ku kayu putih jeung bedak...........".............."ngagorengna sing asak.........kade tutung teuing............" .
 
Antukna jetrek bae radio teh dipareuman......da Mang Dori jeung Bi Enjum pusingeun.
 
----------
Bahan: siaran RRI baheula.
 
manAR
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke