har, ari kang kumi naha suudzhon kang uing teh, sok rada selong ieuh kang kumi mah ka uing teh[bari culak-cileuk], bagea ka neng novi di milist kebanggaan urang sunda ti tungtung dunia neupi ka tungtungan, aih teuing ah teu ngalartos..., der ah neng tok kapok sok beledug2 lah di ieu milist emangna kabakaran kitu, mun aya nu nyarek bejakeun ka akang engke ku akang di jiwir hiji-hiji, walah ngajago pisan nya..., tepangkeun abdi kang adoel tea,.....

On 7/26/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wa'alaykumsalaam w.w.

Wilujeng sumping, Neng Novi... Wilujeng tepang sareng komunitas urang Sunda di Internet.
Nepangkeun oge, kuring sikandar, lalaki urang Garut, ayeuna di Jakarta, daek sumpah rido pisan jadi lanceukna Neng Novi...

Di jurusan naon katampina? Aa mah ("Euleuh-euleuh... minculak siah, can nanaon geus nga-aa-keun maneh!" ceuk Wildan & Runa teh, bari molotot...) angkatan 33 baheula teh, masa studina jangkep meh 8 taun. Betah tuda jadi mahasiswa teh, heuheu...

jk

On 7/26/05, novi indriani <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Assalamualikum,
Tipayun nepangkeun wasta simkuring novi indriani  abdi kawitna ti SMUN 2 TASIKMALAYA alhamdulillah ayeuna abdi atos katampi di IPB eta teh panginten rizki tialloh swt anu kedah ku novi nyalira di syukuran ,novi teh panginten putra anu cikal   gaduh rai mung 2 istri sareng pameget lengkep pisan nya  hanjakal we novi teu gaduh raka padahal novi hoyong pisan gaduh raka tapi wios lah ato kumaha deui da anu kaluar tipayung tina rahim pun biang teh anu jenengan novi tapi diantawis kitu novi henteu keueung teu gaduh raka tapi buktosna seueur pisan kapiraka mah .Diantawis hobi novi mah anu ku nu sanes sering dipidamel nyaeta maca , maca na maca naon bae novi mah resep  diantawisna :dongeng . novel, papantunan , jeung sajabina .Novi mah asli urang tasik bentan sareng rai- rai novi upami rai rai novi mah lahirna di subang nyaeta tempat aslina punbiang novi.Novi mah jalmina kalebet lah tiasa di sebat bageur  adu h mani agul nya. atos heula ah egke diteraskeun deui di tutup ku wassalamualaikum .


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






--
Wassalam Mualaikum Wr Wb

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke