Memang lamun nitenan karya-karya seni meunang para seniman, kadang sok loba anu teu kaharti jeung rada mahiwal tea. Tapi lamun urangna geus ngarti kana naon anu disebut seni tinangtu bakal kaharti naon anu disebut "seni" teh. (sakumaha pedaran MJ). Tangtu bae lamun anu nitenana jalma anu awam atawa can ngarti naon anu disebut seni sabab seni teh loba cabang jeung loba terina pasti bakal nganilai kana hiji karya hasil seni teh ukur naon anu dipikaharti ku sorangan. Saperti hasil seni beunangna kang Tisna, pasti jalma awam bakal nganilai yen eta karya seni mahiwal cenah padahal anu nyieuna sorangan tinangtu boga pamikiran jeung maksud anu tangtu kunyieun eta karya seni teh....
Cag...ah, "kujangs" -anu awam keneh kana soal "SENI" Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

