Kuring sapuk kana kasauran Kang MH.
Punten ka baraya KUSnet, kumaha upami ti danget
(semet) ieu upami mostingkeun serat ka KUSnet, minimal
sa alinea, teu kaci sakecap dua kecap. Topik/ jejerna
naon wae, anu penting mah diajar ngalarapkeun nyerat
ideu-ideu atanapi komentar dina basa Sunda.
Punten oge, bilih kamari-kamari simkuring ngirim serat
ka milis ieu,(kesanna) rada mgagulkun maneh atanapi
sok ilmiah, pan dalam rangka diajar nyerat basa sunda
tea. Margi pangahirna diajar basa Sunda teh waktos SMP
(32 taun kepangker).
Ayuena sim kuring nuju diajar nyerat kumaha sangkan
dina lima menit tiasa nyerat basa sunda sa alinea.
Hese pisan. Biasana upami kuring mostingkeun serat
teh, aya kana 20 menitan mah, malihan mah sok aya dugi
ka sajam nyerat hiji postingan. Puguh wae atuh nyoceng
jam kantor.
Der ah, urang mraktekeun nyerat basa Sunda.
baktos,
mrachmatrawyani
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya,
>
> Upama tea mah, hal ieu dibiasakeun, ceuk itungan
> kuring bakal loba mangpaatna. Kahiji, Insya Allah
> kamahiran nulis dina basa Sunda bakal nambahan
> leuwih
> lancar. Kaduana, kamahiran ngolah informasi oge
> bakal
> leuwih ningkat. Wallahu'alam.
>
> Salam,
> MH
>
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page
http://www.yahoo.com/r/hs
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/