Pergaulan bebas saenyana mah tos aya ti kapungkur.... sok wee tingali potret2 (poto) jaman 60-an, rumajana oge seeur anu bebas (merdeka). Panginten bentenna anu ngalakukan "hubungan" diantara rumaja harita teu seueur siga ayeuna. Nanging tingal oge samisal tari pergaulan a go go.. acuk "you can see" (mun ayeuna mah lek bong/kelek katembong) ... eta teh pan awal lebet kanu pergaulan kitu..
Tangtos panyababna seueur... salian ti ibu ramana oge milih rerencangan anu teu leres. Benten pan rumaja anu sok ka masigit..janten rumaja masigit sareng rumaja anu osok ka mol atanapi 'gaul' teu paraguh!
Tah kukituna ... budak ayeuna kedah "dibentengi" ti alit di bumi sareng di luar. Di luar (sakola) kedah diupammana atuh lebetkeun ka sakola anu sae... ayeuna pan seueur sakola Islam anu sae. Di bumi atuh kolotna kedah "nampilkeun" pribados anu picontoeun... sanes pribados anu ayeuan nyarios kitu tapi dina prakna mah benten pisan!
Mung sakitu.. punten upami lepat!
Wassalam
Abah
wrote:
wrote:
Sapagodos kang. Sigana tv sumber anu paling ageung nimbulkeun siga kumahana pergaulan ayeuna. Seueur siaran tv anu henteu sasuai jeung budaya urang sabenerna. Sareng seueur acara tv anu temana abg2 anu "garaul".Mun ieu teterusan ditembongkeun, ahirna nilai2 jeung norma2 kahirupan sapopoe bisa ngageser (malahan geus ngageser). Nu tadina dianggap "teu biasa" ayeuna mah geus dianggap "biasa". Hal ieu nimbulkeun anggapan2 atawa timbul gejala2 anu dianggap negatif ku budaya urang. Contohna anu dicarioskeun ku kang oman. Siga kumaha ayeuna anggapan abg dina soal pergaulan. Husuna pergaulan bebas, sigana teh ngan saukur neangan "have fun" wungkul. Da eta geuningan loba oge anu sccab teu bari neangan bayaran. Pergaulan lingkungan mangaruhan pisan. Seueur kasus para ortu atawa kolot yen kunaon cenah padahal budak teh geus dibere elmu agama malahan dipasantrenkeun tapi tetep bisa ka pangaruhan ku pergaulan bebas, contohna narkoba jeung seks bebas. Hal ieu, ceuk aa gym, ku sabab budakna ngan saukur diajar hungkul henteu bari dibere pemahaman. Sabenerna lain tugas kolot wae ieu teh , tugas sakola jeung pamarentah kudu mere pengarahan anu bener ka masarakat hususna ka para remajana.Seks bebas, kumpul kebo, dina usia remaja (biasana cenah 17 atawa 18 taun) "kahormatan" geus teu aya. Nu kararieu teh memang ti budaya barat. Mun nyebutkeun gaya "american style". Sigana ieu teh ku sabab loba siaran tivi anu datangna ti nagara amerika. Memang urang teh kudu maju. Tapi nu diturutan teh nu gorengna wae. Padahal loba oge anu alusna anu bisa ku urang diturutan ti budaya barat teh atawa ti amerika. Contohna anu tos didongengkeun ku teh neni nenden. Sakitu loba kagiatan2 barudak abg barat (hususna nu dicarioskeun urang amerika) anu positif. Terus acara2 tivi anu ngadidik. Kreatifitasna alalus. Coba di urang mah kalah kreatif nyien VCD porno siga nu di bandung. Jeung katingali barudakna teh henteu garengsian. Di urang mah atuh da barudak keneh ge geus gengsian. Penampilan we nu diheulakeun sampe ka disebut cenah abg/remaja ayeuna mah meni narsis pisan.Salam,Neng Iva
"Dadan R. Saleh" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Bade nambihan ah.. aya deui paktor media anu mangaruhan pisan kana
perkembangan budak, atuda tongtonan TV ayeuna mah geus teu cocok pisan jeung
kaayaan jeung kabudayaan urang. saperti contona dina sinetron2 remaja anu
ditonjolkeun teh pergaulan anu bebas weh jeung model papakean anu orat.
dina kantos ngobrol sareng urang psikolog saur anjeuna " Lamun hiji jalma
aya anu nyebutkuen gorengpatut ku 10 urang, maka eta jelema teh dina jiwa na
geus kacitak rumasa gorengpatut"
Janten rada kapikiran ku abdi, boa-boa :
-Upami titayangkeun terus sinetron pergaulan bebas bakal ngadorong remaja
urang ka arah pergaulan bebas
-Upami ditayangkeun acara kekerasa bakal ngadorong rahayat ngalakonan
kekerasan..
-Upami ditayangkeung tarian2 jeung model papakean anu erotis bakal mawakeun
oge kana budaya "teu era ku orat".
- dadan.r.saleh-
> >
>
>
>
> ____________________________________________________
> Start your day with Yahoo! - make it your home page
> http://www.yahoo.com/r/hs
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

