Tasik tea atuh...sok mangga tasik-tasik

On 7/27/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bwaheuehuehe... abong hareupeun budak awewe, ka uing teh mani "maehan" pisan kang dur mah...

Inget keneh kuring mah, tanggal ieu teh kuring indit ka Jakarta, niatna mah rek milu ujian seleksi AIS di Senayan. Ana di Rambutan meuli koran pengumuman UMPTN, gorehel ngaran kuring aya na berendelanana. Ka Senayan mah teu jadi, balik deui bae langsung ka Garut. Di imah nempo beja na tipi yen tadi di jakarta aya bancang pakewuh, PDI tea...
Angkatan 33 teh angkatan ka 33 ti saprak IPB ngadeg. Mun teu salah mah ayeuna teh angkatan ka-42... Aeh, enya kitu? Atuh geus lawas nya uing mimiti kuliah teh... Emh, da asa cikeneh masa-masa ngetrakan mojang di kampus bari tara beubeunangan teh... Harita mah ongkos Garut-Jakarta teh masih 6000-an (ekonomi, ka bogor 5000), angkot Bogor masih 250-an. Jaman Indonesia genjlong tungtung abad ka-20, ajen duit ngagejret pisan, mani teu kabeuli bahan kuliah harita teh... Jaman usum moyan di jalan & buruan kampus pahareup2 jeung pulisi... Waaah... geus paroho deui...


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke