Duh nuju ngahariring, mani kakuping tidieu.......
Tapi da indung peuting mah teu  nyimbutan, ti tadi ge nuju noongan...he he
Nepangkeun kang Bungah (Hepi) si indung peuting....aya di wetan, asa nembe wanohnya...?

Hepi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hayang ekspresi diri yeuh, lain pedah ku senang atawa bungah, ieu mah pedah ku bangbaluh hate, ku nineung jeung ku sono ka 'kabogoh maya"
 
Tuh eulis di lebak pasir nu suni
basa layung keur nguyung
basa curug lir rumahuh
seah sada ngulah ngulah
 
ku haneut neuteup anjeun
seungit ngadalingding estuning kembang
ngahenen na pucuk campaka
ngagupay
 
Duh diri
rek iraha tepung jeung nu dipikayungyun
nu nyimpang lamun keur lenglang
nu ngusapan lamun keur melang
 
Indung peuting nyimbutan
tongeret geus beres tandang
asa siga anjeun asa siga anjeun
tapi weleh ngan kalangkang
 
-Kang Hepi-

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke