LEBU
 
Cik atuh maneh
sok geura prak anjeun
hayoh siah bangkawarah
na kabina bina teuing salira
 
di tincak siah
di gegel siah
di cabok siah
kusrukkeun kadinyah
 
mugi sing lungsur langsar
hampura ah
punten bae nya
Astaghfirullah
 
kumetap bari mata simeuteun
kerelek neureuy ciduh
garo garo teu ateul
ngejat
 
hing ceurik ngabangingik
koceak sada nu ngagorowok
cep jempling
poek mongkleng
 
-Kang Hepi-


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke