tah dina palebah budaya baratna, budaya nu mana heula, ari budayana nu 
sae mah nu matak tisa ngamajengkeun urang wetan mah nya tiasa wae di 
tiru, tapi upami budayana nu matak nyilkakeun mah sareng bertentangan 
sareng kabisaan/adat/agama urang wetan tah eta nu teu kengeng di 
turutan.tapi da saleresnamah sadaya kalakuan boh abg boh jalmi 
dewasana etamah tergantung kana kasadaran diri masing masing...!

hatur nuhun

 --- In [email protected], rezza krisdian <[EMAIL PROTECTED]
..> wrote:
> Leres pisan teteh??
> Duhh minangkana zaman kiwarimah jelema tehh babari kabawa ku sakaba-
kaba...lamun teu dibentengan ku papagon agamamah da moal henteuu pasti 
wae ti jongklok ka jurang kacilakaan.....
> di berbagai aspek kahirupan teh...saleresnamah tos di cekokan ku 
budaya barat anu berlawanan jeung budaya urang.
>  
> ahh sakitu wae baraya....asa hoyong nyempalan yeuhh kana ieu topik..
>  
> baktos,
>  
> urang tasik
> 
> Nenny Nenden Nenong <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> nembean abdi posting deui di babakan... punten bade ngiringan 
> ngacapruk manawi aya nu kersa ngaos na...
> abdi kacida resepna upami aya bahasan ngeunaan kahirupan para abg di 
> bdg, sok sanaos aya abg sanes urang sunda ge ngan da puguh tos 
> kacatetkeun warga bdg, kadang sok disebat we urang sunda sok sok 
> sanaos sanes oge.
> sateuacan abdi posting ieu, abdi kantos ngawangkong heula ngeunaan 
> postingan ti kang oman ieu sareng salah sahiji urang sunda nu 
linggih 
> diamerica (daerah namah moal disebat bilih pajarkeun abong2 cicing 
di 
> america kitu saurnateh)
> abdi teu patos ngajenghok ngeunaan masalah nu dipedar ku kang oman 
> ieu, da sateuacan nage basa nuju sakola di DU abdi kantos milarian 
> data ngeunaan kahirupan remaja bdg ngeunaan kahirupan seks bebas na, 
> janten sanes ayeuna wae "ngeboom" na teh tapi ti basa abdi nuju 
> sakola keneh di DU ge kinten2 taun 97an kahirupan kieu teh tos aya.
> naha ABG eta bet nyebat kahirupan siga kitu teh di namian "American 
> Style"? padahalmah teu sadayana kahirupan diamerica siga kitu. 
punten 
> pisan sanes abdi ngabela america punten paralun teuing abdimah masih 
> keneh nyaah ka indonesia komo deui ka tanah pasundan mah ngan pedah 
> we abdi gaduh refernsi ti rerencangan nu linggih diditu.sapertos 
dinu 
> film2 nu teu leresna nu diedarkeun di indonesia contona dina film 
> remaja america anu judulna "american pie". dina film eta mintonkeun 
> kahirupan remaja abg america nu kacida bebasna yen saurnateh upami 
> masih keneh parawan atapai perjaka saurnateh kirang gaul. tapi 
> saleresna sabagean ageung jalmi di america ge kirang resepen kanu 
> film samodel kitu teh, tapi jigana ku urang indonesia atanapi ku 
> barudak abg na malah di "telan mentah mentah" punten duka naon nya 
> basa sundana yen anggapan nana kahirupan abg di america teh siga 
> kitu.padahal saleresnamah teu siga kitu kitu teuing, abdi gaduh imel 
> ti rerencangan us abdi nu aya di america eta tea.. saurna kieu
> " TV Di Amrik programna rata2 sae, sehat acarna ngadidik, rough 
> sience, globe treker, Jeopardy (kuis ilmu pengetahuan kanggo barudak 
> sakola),quiz pengetahuan georaphic dunia, kabayang neureun tina 
> namina oge ilmiah.  
> Film seri2 na oge pilihan seueur unsur pendidikan, CSI, ER ... 
> Barudak ngorana seueur kasempatan ngembangkeun bakat musik, teather 
> gratis, olah raga unggal sore di stadion (mana wae) aya konser 
> musik klasik gratis kanggo umum. Atanapi di tingkat RT barudak ngora 
> ngayakeun drama (experimen mentaskeun drama2 kalsik gratisan, nu 
> nongtonna tatanggi/sepuh-sepuhna).. wah kreative pokok na mah. Aya 
> oge anu ngadamel Film pendek, di setel di halaman wengi2  bari 
botram 
> ( barbeque ceuk urang dieu mah), eta teh tos janten kagiatan sahari2 
> barudak ABG di lingkungan. 
> Sarana olah raga, renang , Basebal, tenis, Golf dikelola ku Pemda 
> janten gratis ( murah meriah) jadi barudak gaduh kasempatan jang 
olah 
> raga Unggal minggu aya wae kagiatan sosial jang barudak ngora, 
> babantu diyayasan kesehatan,... kagiatan kebon binatang 
(ngagalakkeun 
> cinta ka binatang), taman, ngadegkeun taman bermain sederhana kanggo 
> nu teu mampu. Ngumpulkeun barang2 kanggo disumbangkeun ka nu butuh.
> Diajar damel ti leuleutik, icalan teh botol, soft drink di unggal 
> pengkolan atanapi payuneun bumina. Kadang pas musim2 panen, pada 
> merah susu sapi , ngabantuan para patani......"
> tah kitu imel ti rerencangan abdi nu aya di america eta tea, janten 
> teu sadayana urang america awon kalakuan nana, aya oge nu sae malah
> jigana langkung teratur dina soal pendidikan nana.
> tapi di bdg ge jiganamah teu sadayana abg siga kitu nya.. seu'eur 
oge 
> nu saena, seu'eur pisan komo panginten murid murid pasantrenan mah..
> ngan jigana dina palebah judul postingan nana kirang ngepas, duka 
naon
> nu pas namah mangga we jigana baraya sadayana langkung uninga 
> kedahnamah ayeuna ti ngawitan sepuh sepuha na kedah langkung 
langkung 
> merhatoskeun kana "pergaulan putra/putrina kahirupan nu sapetos kitu 
> teh, atanapi putra/putrina di piwarang ngiringan kagiatan nu leres2 
> postif pisan tong di abur kamana wae.kapungkurmah aya lsm MCR "Mitra 
> Citra Remaja" nyaeta lsm anu merhatoskeun pisan kana kahirupan 
remaja 
> nu "menyimpang" (punten basa sunda na naon?) samodel kanu narkoba 
> atanapi seks bebas nu alamatna di bubat tah upami teu lepatmah tos 
> ngalih ka sekeloa tah duka ayeunamah abdi kiranga apal deui.tah sae 
> pisan MCR eta teh, abdi atoh pisan aya lsm eta, sok sanaos ayeuna 
teu 
> tiasa ngabantos nanaon kana lsm eta
> hapunten pisan bilih aya cariosan abdi nu lepat!
> 
> wassalam
> 
> "nenny batam"
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
> 
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>   
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>   
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
> ---------------------------------
> 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke