Haturan bah Willy..., wah resep nya nyanyabaan teh, asa ngemutan sim abdi ka mangsa ka tukang (waktu masih lelengohan). sim abdi pernah praktek lapangan di tambang emas cikotok (ayeuna tos tutup) asup ka jero liang anu jerona ampir 1000 m dihandapeun laut, hawana kacida tirisna samalah cai anu dipake ngjalankeun kincir di tambang emas cikotok asalna ti jero taneh eta anu disedot ka luhur. Teras babaturan kuliah (urang bayah jero) nikah, sim abdi kungsi ngalaman naek ojeg anu llilana nepi ka 2 jam (da kadaerah pagunungan) atuh barang datang ka ondangan teh papakean ladeg ku kebul saparat jalan anu kebul....jadi barang datang teh kapaksa mandi heula da era kunu lain....heheh. Eta bah Willy ngalaman cilaka tina ojeg....beu...! tapi Alhamdulillah ari tos salamet mah. leres di Bayah mah seueur tambang batubara rakyat anu make cara tradisional, samalah batu zeolit mah ampi sapanjang jalan sok sing talambru hasil tambang rakyat tea...(duka pami ayeuna mah)....
Cag...ah, nuhun "kujangs" -waraas inget lalampahan mangsa ka tukang keur basa ulin ka daerah pakulonan... On 7/29/05, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kuring tas "piknik" ti Bayah Banten. Bayah ayana di basisir kidul > propinsi Banten, ngan 60 km ti Palabuhan Ratu Sukabumi ka arah > kulon, tapi jalan antara Palabuhan Ratu tepi ka Bayah ngan alusna > teh tepi ka Cibareno, tapel wates Kabupaten Sukabumi jeung > kabupaten Lebak Banten. > Hiji pangalaman nu moal dipohokeun, kuring tigulitik tina ojeg. > Maklum awak kuring beurat teuing ( moal dibejakeun ....ah), pas > jalan turun pisan, tukang ojegna kadedetkeun ku kuring, teu bisa > ngerem, atuh ......tigurintil, untung euweuh batu, lamun aya batu > mah jigana teh, kuring balik digotong .....hehehehe. > Baktos, > WALUYA > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

