"Wanita memiliki kelebihan kenikmatan sebanyak sembilan puluh sembilan
bagian atas laki2, tetapi Allah SWT menanamkan rasa malu pada kaum wanita"
Memang leres, ceuk istilah umumna, istilah naon nya namina, istilah
gaulna we nya...Pameget mah masihan perlindungan pami ceuk bahasa gaulna
mah cinta. Pameget memberikan cinta untuk mendapatkan seks, tapi samulihna
wanita memberikan seks untuk mendapatkan cinta (punten teu disundakeun).
Mung sapertos nu di dugikeun dihandap dorongan ieu mah leuwih kana naluri.
Tapi hubungan suami istri mah sanes ngan saukur penyaluran nafsu/gairah
wae, tapi hubungan anu sakral, mangrupi ekspresi perasaan duriat sareng
kanyaah dua jalmi, mangrupi komunikasi unik cenah, anu ngan saukur tiasa
dialaman ku dua jalmi (deuh kumaha rasana nya.....he he he)
Mung dihandap dicarioskeun dina hubungan intim, istri langkung enggal
( lebih cepat) ngalaman kapuasanna. Naha ieu teh sanes tibalik? Anu
sakaterang abdi mah justru pameget. Mung pami istri anu langkung lami
ngalaman kapuasan, eta mah sigana leres. Henteu dina teori umum, dina
agama islam ge sami. Dina hadis disebatkeun kieu "Wanita memiliki
kelebihan kenikmatan sebanyak sembilan puluh sembilan bagian atas laki2,
tetapi Allah SWT menanamkan rasa malu pada kaum wanita"
Janten ku Alloh ditutupan rasa kaera, kaisin sahingga hal ieu henteu
katingal.
Agama islam nyaeta agama anu ngatur kahirupan manusa ti sagala
aspekna sahingga masalah hubungan suami istri ge diatur ku islam ku cara
anu leres.
"Apabila seseorang diantara kalian menggauli istrinya, maka janganlah
ia menjauh sebelum ia menunaikan hajatnya, sebagaimana ia pun suka
menunaikan hajatnya"
Hartosna pami saurang ngalakukeun hubungan intim sareng istrina ulah
muncul rasa egois, nyaeta mung ukur meunang kapuasan sorangan, tapi
puaskeun oge istrina sabab istri oge hoyong kapuasan anu sami sareng
manehna (pamegetna). Malihan dina hadis anu sanesna deui mah disebatkeun
hal ieu teh mangrupa sedekah.
Sabda Rasulullah "Di dalam kemaluan salah seorang diantara kalian
terdapat sedekah"
Sahabat Nabi pernah naros kieu "Wahai Rosul apakah salah seorang
diantara kami bila menunaikan nafsu syahwatnya mendapat sedekah? Rasul
ngajawab kieu "Ya benar, bagaimana pendapatmu apabila hal itu diletakan
kepada hal yg diharamkan,apakah ia mendapa dosa?" teras maranehna ngajawab
ku kasadaran "Ya, memang benar"
Hadis ieu nganjurkeun ka urang supaya dina hubungan suami istri
(hususna menggauli istri) ku cara anu leres. Sami oge dijelaskeun dina
hadis sejenna nyaeta Rosul ngalarang seseorang ngalakukeun hubungan suami
istri samemeh panas2an heula (sareng istrina)
Pami ditingal deui hartosna istri mah peryogi proses/tahapan heula
anu meryogikeun waktos dina ngalaman kapuasan, henteu siga pameget. Kitu
panginten nya. Punten baraya abdi nyarioskeun perkawis anu kieu,
sapamendak abdi mah da peryogi oge sanes pendidikan seks teh. Sawios nya
da tos arageung ieuh....:P
Sakitu heula pamendak ti abdi, pami aya anu lepat panglereskeun. Mugi
aya mangpaatna. Amin.
Baktos,
Neng Iva
Start
your day with Yahoo! - make it your home page