|
Assalamualaikum,
Ngeunaan Subang ayeuna lumayan rame. Tapi dibandingkeun
jeung daerah sejenna pangwangunanna kurang walatra. Ceunah mah ceuk nu sejen
pangwangunan di Subang leuwih ka beulah kidul. Meureunan kituna mah pedah
deukeut jeung Bandung.
Katambah jalan tol Purwakarta geus dibuka kituna teh beuki
ngadeukeutkeun jarak antara Bandung-Jakarta ngaliwatan Subang Kidul. Mantak teu
aneh lamun jalan nu arah Sadang (Purwakarta) leuwih lecir batan nu sejenna. Tapi
ayeuna jalan Subang-Pamanukan keur dialusan kitu oge Jalur Pantura Subang nu
biasana bolong ceunah mah targetna Lebaran taun ayeuna.
Khususna di daerah Kuring (Pamanukan) ti saprak aya Jalan
Layang (Fly Over) lumayan parapatan Pamanukan geus teu macet deui. Malah
dihandapna geus nambahan rame. ku ayanan angkutan umum nu ka arah
Pamanukan-Jatireja (Compreng), Pamanukan-Terumtum (Pusakanagara), jeung
Pamanukan-Pondok Bali (Legonkulon). Disagedengeun eta, dihandapeun fly over aya
kecenderungan diwangun Super-super market. Tah masdalah ieu lumayan rame sabab
ceunah loba maehan usaha leutik. Ieu teh kacenderunganna basa keur diwangun PTC
jadi siga nu paheula-heula ngawangun Super Market nu lahanna disewakeun.
Diantarana nu geus aya saacan PTC teh, Anyar Minimalla, jeung Waluya Jaya
MiniMall.
Kuring oge ngadenge yen rek aya deui saeunggeus Yogya Dept
Store rek aya Ramayana nu rencanana diwangun di urut Bioskop Dewi baheula.
sakitu heula bewara kuring.
Baktos,
Om TEDDY
urang Pamanukan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|

