----- Original Message -----
Sent: Sunday, July 31, 2005 2:08 PM
Subject: [Urang Sunda] Ngenalkeun
diri
Assalamu'alaikum wr wb
Hatur nuhun hususna ka moderator Urang Sunda ,
abdi seja ngiringan ahhh sareng ngarewong,
sananos abdi jauh di pangumbaraan tapi asa katarik ku
leket na babarayaan di milis ieu teh.
sareng ka anu sanesna jisim abdi seja ngenalkeun
diri.
Sakali deui Hatur nuhun.
Salajengna ieu mah manawi sareng manawi, akang
seja naroskeun saupamina aya di antawis
saderek urang sunda anu gaduh keneh lagu sunda kapungkur anu
judul na " Yaumal Kiamah "
duka saha ari anu nyanyi sareng ngarang na mah, kaleresan
akang peryogi pisan kanggo ngabudayakeun
lagu sunda di nagara kangguru,akang teh parantos usaha ka
rerencangan tur nanaroskeun, tapi dugi ka ayeuna
teu acan aya respon, ari numutkeun katerangan mah saurna
kadang2 osok di tayangkeun di TVRI bandung
samemeh adzan magrib, ku kituna akang neda di rojojng dina
ngabudayakeun seni urang di nagara batur,
manawi aya anu tiasa mang ngarekamkeun atuh sae2 upami
aya anu tos gaduh mp3 na, nuhun sateuacan na.
Wassalamu'alaikum wr wb
S M Natapradja
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS