Kang Ardipraja, kang Im, sareng kang joko;

Di lingkungan imah kuring saenyanamah basa sapope nu dipake teh basa 
Sunda.  Cuma nyaeta mulai angkatan taun 90-an  (kira-kira) loba 
kolot-kolot nu ngajarkeun basa Indonesia ka budakna. Ari kaum kaum 
"priyayimah" geus puguh ti baheulage di imahna make basa Indonesia.  
Kuring teu satuju ku cara kitu. Watir budak urang pareumeun obor kana 
budayana. Kadang kuring sok keuheul mun isuk-isuk mawa jalan-jalan 
budak. Terus papasan jeung tatangga. Keheulnateh tatangga eta nyapa ka 
anak kuring make basa Indonesia. Majarteh, "Eh...dede Niesha. Lagi 
jalan-jalan yah? Sudah mandi belum?"

A.M. Ardipradja wrote:

> Sae pisan kabiasaan Cep Durahman teh, pantes dicontoan ku nu sanes.
> Saha deui atuh nu bade ngabela basa karuhun teh nu ayeuna teh tos 
> eces2 bade sirna, teu dianggo deui utamina ku barudak jeung incu2 
> urang nu didominasi ku "modernitas"...
> Wassalam,
> Mustakim
>
> */durahman <[EMAIL PROTECTED]>/* wrote:
>
>     Di tengah lingkungan nu kolotna ngajarkeun basa indonesia ka budakna
>     kuring berusaha ngalawan arus--henteu kuring wungkul sih. Masih aya
>     puluhan jutaan urang sunda nu ngajarkeun basa sunda ka budakna. Ti
>     saprak anak kuring gubrag ka alam dunya kuring ngajarkeun budak
>     bahasa
>     sunda ka budak. Ayeuna gudak umurna geus ampir 2 taun. Hasil
>     pangajaran
>     kuring jeung bojo geus mulai katempo. Budak geus nyarios jeung bisa
>     diajak komunikasi make basa sunda. Ieu sababaraha conto dialog kuring
>     jeung budak;
>
>     dialog hiji
>     budak; "papah-papah nok geubis, tah..." bari nembongkeun dengkulna nu
>     bared urut tatu
>     kuring; "Uluh-uluh karunya teuing anak papah. Geubis dimana, nok"
>     budak; "diditu, dipayun."
>


-- 
Wasalam,

Durachman
http://durahman-cirebon.blogspot.com/



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hgo03gn/M=362343.6886681.7839642.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1122875267/A=2894352/R=0/SIG=11fdoufgv/*http://www.globalgiving.com/cb/cidi/tsun.html";>Help
 tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke