Wilujeng sukses, sareng ngiring bingah ka sadaya baraya anu tos  ngayakeun  gempungan di Bumina Teh Imas, mani sakitu munel acara gempungahn teh, kanggo persiapan  acara halal bihalal sareng nikah na Neng Ani sareng Kang Ikmal. Sanes teu hoyong ngiringan si teteh kumaha da sanes wayah, upami caket mah panginten tos nyempod di juru pantona teh Imas...he he.
Nuhun atuh kasadayana, utamina ka teh Imas Mani  reueus si teteh..nyaan barudak ngora teh motekar sae-lah....si teteh mah ngiringan wae, sareng nagrojong kana sadaya pamakasadan.
Kanggo  nikah na kang IKmal sareng neng Ani, si teteh ngiring nyawer tiasa teu nya...? kang Tirta sareng Kang Nanang anu kacapi suling.... tah anu penca namah......???? mangga ka baraya anu bade kaul...he he
 
teh ipeut

Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun Kang Nanang. Ieu aya panambih ti sim kuring:
1.Halal bi halal
  Skedul ngadeuheus tempat dijadwalkeun salami sasih Agustus. Sasih kapayuna    ngadeuheus hal2 sanes nu patali. Tahap awal lian ti survey, mangga padungdengkeun naon plus minusna halal bi hala diayakeun nurutkeun dua opsi. Atuh bilih aya baraya nu gaduh opsi sanesna mangga dikedalkeun di milis;
2. Latihan penca silat
   Ditaratas ku Kang Akos latihan di Univ. Al Kamal - Kebon Jeruk. Nu ngalatih ditarekahan ku mas Paku  ti Garut. Dina fase munggaran mah kunaon latihan diayakeun di eta paguron nya sakalian ngadegkeun UKM Al Kamal dina widang unit bela diri. Nu penting mah jalan we heula!
 
Salam
JP
 
Panambih:
Pami tiasa mah para wargi ti LSS IPB naha tiasa manggung dina acara Kang Ikmal - Neng An? Tembang kacapi suling ge matak bungah sarerea dina ieu hajakan Kusnet.


ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 31 Juli 2005 di
bumina Teh Imas di jalan Langsat 10 - Kebayoran, alhamdulillah
parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.

Anu sumping dina ieu acara : ----------------------------------------
- Kang Maman Gantra                  Rombongan Bogor :
- Kang Tirta sareng palaputra            - Kang Runa Inawan
- Kang Agus Azzo sareng istrina            - Kang Herdiansyah
- Kang Ikmal                        - Kang Rezza
- Kang Kamal Idris                  - Kang Hendra
- Kang Irfan                        - Kang Dadang Sujana
- Kang Gunawan Yusuf                  - Kang Cepi
- Kang Rachmat Rawyani                   - Kang Yayan Mulyana
- Kang Kang Yan Sastra ti Newyork      - Kang Dadan Diana
- Kang Didi                         - Kang Dudi Herlianto
- Teh Titi                         - Kang Ibnu Abdie
- Teh Imas                        - Teh Mia
- Kang Duli jeger                  - Teh Anna dharah
- sareng abdi : Ndoell

Kagiatan / Acara  : ---------------------------------------------

Silaturahmi, saling ngawanohkeun sareng sosonoan;

Ngabahas perkawis persiapan halal bihalal. Tina usulan-usulan ti anu
haladir, disimpulkeun aya dua pilihan tempat sareng konsep nyaeta :
- Konsep Pilemburan : diayakeun di pilemburan anu leubeut ku nuansa  
  kahirupan pilemburan;  atanapi,
- Konsep Konvensional : diayakeun Gedong Pertemuan, Villa, Tempat
  Rekreasi, jsjbn

kumargi kitu, kanggo mastikeun tempat sareng dumasar kana sababaraha
pertimbangan, samentawis dibentuk tim survey anu gaduh pancen kanggo
milarian tempat anu cocog kanggo pelaksanaan Halal Bihalal dina
waktos sasasih,  nyaeta :
- Bogor : Kang Runa, Kang Rezza, Kang Yayan saparakanca
- Banten : Kang Gunawan, Kang Lukman sareng Kang Didi
- Jakarta : Teh Imas, Kang Akos, Kang Kang Hendri
- Bandung : Kang Roisz, Teh Mpup, Teh Iva
anu katunjuk tarang mugi kersa nampi kana pancen, kumargi ieu teh tos
janten hasil putusan, kanggo sagala rupina Tim Survey, tiasa
kordinasi sareng abdi atanapi Kang Tirta.

di selingan ku :
- Dongeng pangalaman Kang Yan Sastra, Master Arsitek anu dumuk di
  Newyork, USA anu mikanyaah kana seni sunda Pencak Silat;
- Pedaran ngeunaan kagiatan unit Mahasiswa IPB : Lingkung Seni Sunda
  Gentra Kaheman, hiji kagiatan anu matak reueus sareng kedah di
  dukung ku urang sadayana;
- Ngadugikeun usulan ti Mang Hasan perkawis garapan kursus online  
  pikeun diajar maca naskah heubeul,Insya Allah bade dibadantenkeun
  ku Kang Rachmat sareng Mang Ayat;
- Ngadugikeun pangajak ti Kang Rudi, kanggo ngagarap Poesaka Sunda;
- Uleman ti Kang Ikmal sareng Teh Ani anu bade Jatukrami dina ping 14
  Agustus 2005 di Subang. Kumargi ieu teh mangrupikeun hajatan
  Kusnet, anu bade sumping mangga jajaprian supados tiasa ngaluuhan
  ieu acara sasarengan dina waktosna.Uleman resmina bakal didugikeun
  ku Kang Ikmal.
----------------------------------------------------------------------
Hatur nuhun pisan ka Sohibul bait : Teh Imas sakulawargi anu sakitu
direrepot parantos nyayogikeun tempat anu sakitu merenahna sareng
sagala rupina.

Hatur nuhun ka baraya anu parantos ngersakeun sumping, jauh-jauh
dijugjug, anggang-anggang diteang, nu ti Jakarta, ti Tangerang, ti
Bekasi, ti Bogor ....
Nuhun dihapunten bilih aya kakirangan dina sagala panampina, pamugi
sadayana tiasa ngama'lum.

Hatur nuhun oge anu parantos ngintun imel, nelpon sareng ngintun SMS,
merhatoskeun ieu acara sareng ngawartosan teu tiasa sumping.

Kanu teu tiasa sumping, manawi dina acara-acara sarupaning Kopdar anu
bade dongkap tiasa nungkulan. Kopdar salajengna direncanakeun awal
sasih September di Kampus IPB Darmaga Bogor. bewara lengkepna, nyusul.

Manawi sakitu pedaranana kagiatan Kopdar teh, kanggo salengkepna
manawi tiasa didugikeun ku Kang Tirta sareng nu sanesna tiasa
nambihan.

Hatur nuhun kana sagala perhatosanana.

Wassalam,
-Ndoell-

en be :
- Poto-poto bakal dipostingkeun sarengsena di edit, sabar we, nya...!
- Aya nu kakantun buku Diary Planner ? mangga ngajapri ka Teh Imas.


Yahoo! Mail for Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke