Ari kuringmah tangtu satuju pisan. Sababna mun beneran kalaksana urang baris boga....kècap, baso, tempe, cumi asin, lauk asin, jeung rea-rea kadaharan nu sanesna nu kajamin kabersihanana. Tapi duka kumaha tah praktekna di dunya bungkeuleukan (dunia nyata).
Lukman Hakim wrote: > Kumaha lamun US mimitian ngadamel mitra usaha sareng pengrajin/pabrik > dadahareun anu bener2 alami jeung terjamin. > > Teras ditawiskeun ka anggota kanggo. > > > > Kumaha ang dur? > > > > ------------------------------------------------------------------------ > > *From:* [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] > *On Behalf Of *durahman > *Sent:* Tuesday, August 02, 2005 1:06 PM > *To:* [email protected] > *Subject:* Re: [Urang Sunda] Dahareun .............. > > > > Kumaha mun make cara MLM? Nu ditendeskeun didieu lain MLM-na tapi kumaha > carana sangkan urang bisa meuli barang ka tukang dagang nu bisa > dipercaya ku urang. Mun urang sorang-sorangan neangan tukang dagang nu > bisa dipercaya tangtuna riweuh. Tah...make cara mlm hartina nu kudu > neangan barang nu HALAL jueng TOYIB (hade) teh cukup 'perusahaan' mlm-na > wungkul. Perusahaan MLM kudu neangan mitra--nu nyieun barang--nu bisa > dipercaya. Nah...urangmah salaku anggota tinggal ngagunakeun barang eta. > > Barang-barang nu dimaksud bisa mangrupakeun sembako jeng barang sejena > sarupaning...baso, asinan, tempe, mie pangsit, jrrd. > > Waluya wrote: > >>Dahareun olahan meunang meuli, ayeuna rada pikahariwangeun. >>Kira-kira sabulan katukang dina acara salah sahiji acara TV, >>ditempokeun kumaha proses nyieun lauk asin tina lauk laut, lain >>wae make uyah, tapi oge make .....formalin. Dina koran kamari oge >>dibejakeun, supaya cumi-cumi nu keur dipoe ulah digembrong >>laleur, dihaja disemprot ku ......baygon. Tahu koneng (Tahu >>Bandung) atawa bakso oge dicampuran formalin. Matak bingung anu >>meuli, dahar lauk asin, sieun campur baygon, dahar tahu sok sieun >>aya formalinan. Padahal eta kadaharan kaasup kadaharan rakyat, >>anu murah. >> >>Daging oge sarua. Hayam sieun aya flu burungan (makaning kuring >>keur salesma ieu teh ....hehehehe). Daging sapi, sieun daging >>impor aya panyakit "sapi Gila" an. Daging babi? ....hehehe geus >>puguh atuh eta mah haram. >> > -- Wasalam, Durachman http://durahman-cirebon.blogspot.com/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hq2k4i4/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1122974702/A=2896125/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail">Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education</a>!</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

