Sabaraha dinten kapengker abdi nampi imel ti kang dila ngadongengkeun kaayaan nagri batur nyeta korea tea. Panginten baraya anu nuju di korea sapamendak sareng anjeuna. Mangga mugi aya mangpaatna kanggo urang sadayana.
 
 
Salam,
Neng Iva

dilla sopiani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alhamdulillah, simkuring tos mulih ayeuna mah, tos aya
deui di Indo. Mulih teh basa tgl 8 july. Ari di Korea
mah ngan ukur tilu bulan.. eta ge asa lami pisan, geus
kumejot hoyong mulang karek sabulan ge... Minangka na
mah tugas ti padamelan... LG Electronic...
Ngan enya.. Korea teh luar biasa.. sakitu nu gaduh
paribasa "Annadzofatu minal iiman", kebersihan bagian
dari iman teh urang, tapi nu bersih na mah nagara
batur, nya Korea jinisna. Mun seug ameng ka Seoul,
sapanjang jalan teh asa can kungsi ningali sampah nu
"ngulampreng" di jalan... bersiiihhhh di mana-mana
oge...
Sakitu ampir rata-rata urang ditu mah atheis, tapi nu
namina disiplin, someah, jujur, tara jail ka batur,
budaya ngantri, taat hukum, rajin, sopan, ngahargaan
ka sasama, jrrd, moal susah manggihannana... Teu aneh
mun di ditu mah aman, damai, sejahtera teh sanes
saukur slogan. Anu salut deui na mah, di korea teh nu
namina pemerataan ekonomi alias keadilan sosial teh
sanes ngan ukur siloka, tapi saenyana... ti mimiti
karyawan biasa, nepi ka direktur, nganggo mobil korea
atawa naek kareta(subway), pajabatna ge bangga nganggo
mobil korea nu sami sering di anggo rahayatna... Tilu
bulan di korea, simkuring ngan sakali ningali
Mercedes, eta ge di tempat hajat jelema beunghar....
sanes di jalan... pola hidup sederhana teh sanes
bobodoan.. Pokona mah... era lah mun ngobrolkeun
karakter bangsa urang ayeuna jeung urang korea... Jadi
mun ngobrol sareng urang ditu teh tara ngobrolkeun
karakter lah... nu lian weh... Bisa di conto lah ku
urang, korea bisa maju lantaran dasar karakterna alus,
pendidikan karakter rahayatna ti alit tos diajarkeun
ku ibu-ramana, kudu jujur, bersih, rajin, sopan,
someah, ngahargaan batur..jrrd. mulai na teh di bumina
masing-masing....
Najan enya ge sok mabok, tapi maranehnamah mabok teh
aya tempat jeung waktuna, mun pesta...kitu.
Najan tuang babi, da eta mah budaya manehna ti
baheula, sabab sapi teh mahal kacida...

Urang ge bisa sugan nya.. mun niatna panceg mah...
Mangga...
(Punten ka Moderator,Ua Sas, MJ, najan tos unsubcribe
oge simkuring posting ka urang sunda... da saenyana
mah alim unsubcribe ti urang sunda, hoyong panjang
duduluran, tapi simkuring jarang buka e-mail, jadi mun
teu kaluar ti urang sunda bilih seeur teuing nu
lebet.. hatur nuhun)

> iva wanti <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
> Waalaikumsalam wr, wb
>
> Sateuacanna nepangkeun wasta Iva dumuk di Bandung.
> Panginten tos uninga baraya anu di korea ge lumayan
> seueur.
> Meni raos eta letak mesjid, strategis pisan. Dihaja
> panginten supados anu ngalangkungan tiasa langkung
> tobat. Mung ari tos kaluar ti mesjid meni seueur
> gogodana nya....:)
> Diantos deui pangalamanana. Sae, tiasa ngabayangkeun
> kumaha ari kaayaan di nagara batur. Henteu kaditu ge
> asa tos nincak di lembur batur.....:)
>
>
> Neng Iva
>
> dilla sopiani <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
> Assalamu'alaikum wr.wb.
> Wilujeng tepang para kanca, simkuring nepangkeun,
> Sopian, urang Bogor, ngan ayeuna mah nuju di Korea
> Selatan, minangka ngalaksanakeun Paribasa urang
> "Ulah Kurung Batokeun". Nanging Insya Allah sakedap
> deui ge bade uih.
> Aya pangalaman teh seeur saenyanamah, ngan waktosna
> samporet kanggo nyeratna bari rada hoream deuih...
> Hiji mangsa simkuring ulin jeung babaturan ka
> Itaewon, di Seoul, didinya teh aya Masjid rada
> Ageung, Hiji-hijina Masjid di Seoul. Nu jadi waas
> teh, eta masjid ditingker ku tempat-tempat hiburan
> jeung rumah bordil, da puguh ayana teh di wewengkon
> nu katelah "Kota Turis" di Seoul. Sagala jenis
> bangsa di dunia, mimiti negro nepi ka bule, kumpulna
> teh di wewengkon eta. Basa rek ka masjid, sapanjang
> jalan teh aya wae nu make pakean rada mini ngajak
> seuri na panto, hartinamah nawarkeum maneh meureun.
> Kitu deui basa pulang ti masjid, sami kitu keneh.
> Nya ceuk kuring teh ka babaturan, "ngeunah nya eui
> urang dieu, tas mojok di rumah bordil, bisa
> buru-buru tobat ka masjid.... tinggal malaikat
> olohok, kumaha nyatetna yeuhh..!!
>
> Wassalamualaium wr. wb.
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Sports
> Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football
>
>
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around
> http://mail.yahoo.com
>
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
> Visit your group "urangsunda" on the web.
>
> To unsubscribe from this group, send an email
> to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service.
>
>
> ---------------------------------
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Sell on Yahoo! Auctions - No fees. Bid on great
> items.
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around
> http://mail.yahoo.com


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke