Hebatlah MJ, milu bungah. hanjakal poe senen, gawe tea pan geuning. mun poe saptu mah, daek da ngabaturan. komo ngabaturan dahar di JW Marriot mah. Apal da kadinya soteh, da kungsi sasab di Mega Kuningan.
Wilujeng Mang...Congratulation ! -dul- balik tiditu teh ngan dibere majalah wungkul ? heu heu --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > miang isuk-isuk ka jkt make kareta dianteurkeun (pilih, indungna budak > atawa anak mitoha). > > terus nanya ka babaturan sakola nu ayeuna gawe di jkt. ari mega kuningan > belah mana? jawabna teh geus ulah tatanya, naek taksi we. cenah. bedul > teh. nya naek taksi we ka mega kuningan. salah satilu wewengkon jakarta nu > nipu: indonesia teh siga enya geus maju. hehe. > > si joonas heiskanen (32) oge ngarasa yen ieu wewengkon teh mahel teuing > pikeun maranehna mah. da sanajan ti nagara maju (skandinavia kaasup nagara > maju, kualitas hirup rahayatna nomer hiji di dunya-tapi teu resep kanu > marewah teh). > > kedubes finland di lt. 9. apal keneh make lift teh. hehe. jadi nepi tah. > terus nungguan sakeudeung, disampeurkeun ku local staff, bu Ella, urang > Ambon, Indonesia asli. nu biasa nyarita sunda-indonesia, jadi > english-indonesia. keukeuh we waktu manehna nyebut Pak Jamal, geuwat > diralat, saya mah biasa dipanggil mamang. seuri manehna teh. terus > ngabejaan 2nd secretary. sasalaman. enya, si Joonas teh nanya, pernah ka > finlandia cenah. puguh we dijawab, henteu. terus ngobrol uplek make basa > finlish (finlandia english) jeung bandlish (bandung english). hehe. kumaha > eta bisa nulis carita di finlandia? nya apan aya tatangga ayeuna keur > sakola di ditu, terus pan aya internet, jeung bakat tukang wadul. joonas > seuri bari gogodeg. > > jam 12-an diajak dahar di pearl chinese restaurant, di JW Marriot hotel, > gigireun Menara Rajawali. teu pati nyari dahar teh, da buffet tea, pulang > anting kana meja. biasa dahar US, kabeh deungeun sangu jeung sanguna > ngabarak dina meja atawa lantey, kari andekak sila. hehe > > basa finlandia hurupna dibaca sarua jeung urang. ngan siga arab > dilatinkeun. mun aya ii dua kitu, dibaca rada panjang. dina novel > Rakkaustarina aya sabaraha kecap basa suomi (finlandia) nu kuring dipenta > kumaha macana. haha. nu nulis kuring, tapi teu nyaho macana. dasar usum > flu burung. burung di sunda mah gelo tea, lin. > > dubes keur euweuh cenah. padahal mun panggih ka dubes rek menta tiket pp > ka finland. haha. ku si Joonas diajak ka gudang kedubes, menta kuring > milih buku jeung majalah nu rek dibawa. nya milih saperluna. > > balik ti dinya, aya keneh waktu. ka panasan hawa jakarta. sirah rieut. nya > ngobatan karep ku panadol dua. nyimpang ka grasindo deukeut kompas. ka > pamedal novel kuring. geus rek tilu, can kungsi ka kantorna. haha. dibere > oleh-oleh buku kumpulan puisi karya Soni Farid Maulana, Secangkir Teh. > Grasindo oge nerbitkeun buku kumpulan puisi karya panyajak US sejena > saperti Acep Zamzam Noor-nu beh ditu, judulna Jalan Menuju Rumahmu. > > editor menta hampura, cenah di ieu kantor mah basa panganteurna basa jawa. > nya dimaklum we da ngarana ge Grasindo. mun sunda mah Grasinda. > > balik jam 4-an kana parahyangan bisnis meh bisa udud. sajok jeung urang > makassar (urang mandar) dosen unhas administrasi nagara nu keur sakola s-3 > d i unpad. atuh da sapagawean, nya uplek ngobrol kamana mendi, ka luhur ka > handap, ngulon ngetan. > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hjnghur/M=362329.6886307.7839373.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1122982142/A=2894324/R=0/SIG=11hia266k/*http://www.youthnoise.com/page.php?page_id=1998">1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

