mang,

ieu serelek ditembuskeun oge ka si joonash? sugan weh bica macana, hehehe.
wilujeung

bagja

----- Original Message -----
From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, August 02, 2005 3:52 PM
Subject: [Urang Sunda] ti kedutaan finlandia


>
> miang isuk-isuk ka jkt make kareta dianteurkeun (pilih, indungna budak
> atawa anak mitoha).
>
> terus nanya ka babaturan sakola nu ayeuna gawe di jkt. ari mega kuningan
> belah mana? jawabna teh geus ulah tatanya, naek taksi we. cenah. bedul
> teh. nya naek taksi we ka mega kuningan. salah satilu wewengkon jakarta nu
> nipu: indonesia teh siga enya geus maju. hehe.
>
> si joonas heiskanen (32) oge ngarasa yen ieu wewengkon teh mahel teuing
> pikeun maranehna mah. da sanajan ti nagara maju (skandinavia kaasup nagara
> maju, kualitas hirup rahayatna nomer hiji di dunya-tapi teu resep kanu
> marewah teh).
>
> kedubes finland di lt. 9. apal keneh make lift teh. hehe. jadi nepi tah.
> terus nungguan sakeudeung, disampeurkeun ku local staff, bu Ella, urang
> Ambon, Indonesia asli. nu biasa nyarita sunda-indonesia, jadi
> english-indonesia. keukeuh we waktu manehna nyebut Pak Jamal, geuwat
> diralat, saya mah biasa dipanggil mamang. seuri manehna teh. terus
> ngabejaan  2nd secretary. sasalaman. enya, si Joonas teh nanya, pernah ka
> finlandia cenah. puguh we dijawab, henteu. terus ngobrol uplek make basa
> finlish (finlandia english) jeung bandlish (bandung english). hehe. kumaha
> eta bisa nulis carita di finlandia? nya apan aya tatangga ayeuna keur
> sakola di ditu, terus pan aya internet, jeung bakat tukang wadul. joonas
> seuri bari gogodeg.
>
> jam 12-an diajak dahar di pearl chinese restaurant, di JW Marriot hotel,
> gigireun Menara Rajawali. teu pati nyari dahar teh, da buffet tea, pulang
> anting kana meja. biasa dahar US, kabeh deungeun sangu jeung sanguna
> ngabarak dina meja atawa lantey, kari andekak sila. hehe
>
> basa finlandia hurupna dibaca sarua jeung urang. ngan siga arab
> dilatinkeun. mun aya ii dua kitu, dibaca rada panjang. dina novel
> Rakkaustarina aya sabaraha kecap basa suomi (finlandia) nu kuring dipenta
> kumaha macana. haha. nu nulis kuring, tapi teu nyaho macana. dasar usum
> flu burung. burung di sunda mah gelo tea, lin.
>
> dubes keur euweuh cenah. padahal mun panggih ka dubes rek menta tiket pp
> ka finland. haha. ku si Joonas diajak ka gudang kedubes, menta kuring
> milih buku jeung majalah nu rek dibawa. nya milih saperluna.
>
> balik ti dinya, aya keneh waktu. ka panasan hawa jakarta. sirah rieut. nya
> ngobatan karep ku panadol dua. nyimpang ka grasindo deukeut kompas. ka
> pamedal novel kuring. geus rek tilu, can kungsi ka kantorna. haha. dibere
> oleh-oleh buku kumpulan puisi karya Soni Farid Maulana, Secangkir Teh.
> Grasindo oge nerbitkeun buku kumpulan puisi karya panyajak US sejena
> saperti Acep Zamzam Noor-nu beh ditu, judulna Jalan Menuju Rumahmu.
>
> editor menta hampura, cenah di ieu kantor mah basa panganteurna basa jawa.
> nya dimaklum we da ngarana ge Grasindo. mun sunda mah Grasinda.
>
> balik jam 4-an kana parahyangan bisnis meh bisa udud. sajok jeung urang
> makassar (urang mandar) dosen unhas administrasi nagara nu keur sakola s-3
> d i unpad. atuh da sapagawean, nya uplek ngobrol kamana mendi, ka luhur ka
> handap, ngulon ngetan.
>
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hu8n1rf/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123003287/A=2896110/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com
">Help save the life of a child. Support St. Jude Children¿s Research 
Hospital</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke