Hatur nuhun ka Pa Sas, anu tos ngadugikeun uleman. Mugi-mugi sadaya baraya Kusnet tiasa tepang dina waktosna.
Salam,
Ika
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sim kuring nampi uleman kanggo baraya Kusnet sadayana, uleman ti Panitia 50
taun Empat-Ajip nu ditawis ku Titi Surti Nastiti (putrana Pa Ajip Rosidi),
anu unina :
Tepung taun jatukrami Empat-Ajip Nikah Emas 50 taun ngajodo.
sim kuring saparakanca ngahaturan kanca mitra neda kaweningan kalbu kersa
sumping na sukuran :
Dinten Saptu ping 6 Agustus 2005
tabuh 10.00 dugi ka rengse
Tempat Gedong Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK)
Jl. Naripan No. 7-9 Bandung
Acara :
-Bubuka
-Pangbagea : Titi Surti Nastiti, Indro Sukardi, Rahmatullah Ading Affandi,
Ramadhan KH
-Pintonan film dokumenter Empat-Ajip
-Biantara Ajip Rosidi
-Pagelaran Seni
-Do'a
-Tuang Siang.
Ieu uleman ditujukeun kanggo baraya Kusnet sadayana, kukituna mugi tiasa
hadir dina waktosna.
MSasmita
mung sakadar ngadugikeun uleman
Panambih : nami istrina Pa Ajip teh Fatimah sok di Empat Empat, malih cenah
sok aya nu heureuy naros ka Pa Ajip.." istri Pak Ajip empat ya....!?"
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

