Geus lila pisan kungsi jejer ieu teh diguar. Harita si kuring ngusulkeun atawa nulis yen harti atawa maksud kecap "Ki" dina panganteur hiji kecap dina Basa Sunda saharti atawa samaksud jeung "definite article" (The) dina basa Inggris atawa tanda kecap barang (isim) ma'rifat dina basa Arab (panganter "Al" dina Basa Arab ngajadikeun isim jadi isim ma'rifat atawa kecap barang anu  tangtu maksudna).
 
Jadi "Ki Sunda" anu dimaksud Sunda anu tinangtu (anu tinangtu di dieu gumantung subyek anu ti heula, bisa hartina "Sunda" anu keur dipadungdengkeun, Sunda anu jadi cita-cita, jst). "Ki Panganten", maksudna panganten lalaki anu keur jadi subyek carita, jst.
 
manAR

 
On 8/1/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kecap "ki" di sababaraha daerah, jiga di Garut lembur
kuring, maksudna lain singketan tina "aki-aki". Tapi
pikeun panganteur kecap ganti lalaki. Upamana wae,
dipake dina frasa "ki silah", "ki adi", "ki hasan",
"ki dulur", "ki alo" jeung sajabana. Dina eta frase
lain hartina "aki-aki silah", "aki-aki adi", jeung
saterusna. Aya baturna "ki" teh, nyaeta "ni". Eta oge
lain asalna tina "nini-nini", tapi pikeun panganteur
kecap ganti awewe, jiga dina kecap, "ni panganten",
"ki panganten", jeung sajabana.

Salam,
MH

--- "A.M. Ardipradja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hampura wae atuh ka sarerea yen simkuring tos
> ngangge kekecapan "ki", nu teu mararenah tea
> kakupingna ku parakanca sadayana.
>
> Teu aya maksad nganggap sasaha geus aki2, ngan dina
> hal ieu mah meureun langkung caket kana singkatan
> "kiayi", sanes "aki2", sanajan simkuring sorangan
> rada pantes disebat aki teh kumargi tos incuan tea
> kapan...
>
> Nuhun Cep Didi sareng Mas Joko kana piweruhna...
>
> Mustakim
>
> Didi < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nambihan bah Jaka
> eta teh namina basa wewengkon, basa nu bisa kaharti
> di wewengkon eta wae,
> tacan tangtu diwewengkon nu lian ngartieun. Diserang
> banten aya kecap Nyai
> dilarapkeun ka istri/awewe nu tos sepuh (nini)
> sedengkeun diwewengkon nu
> lian mah Nyai teh dilarapkeun ka budak istri/awewe,
> lain ka nini-nini.
>
> Have a nice day &
> Best Regards
> Kang Didi
> essage: 24
>    Date: Sun, 31 Jul 2005 22:56:01 -0700 (PDT)
>    From: joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: tes
>
> Punten bade tumaros ke Kang A.M. Ardipradja.
> Kecap "ki" panempatan pasna teh di mana? Margi di
> daerah abdi mah di Majalengka (Kadipaten), kecap
> "ki"
> teh mung digunakeun kanggo anu tos sepuh (aki-aki),
> jadi singkatan ti "aki" jadi "ki".
> Jembarna kadaerahan basa teh dipalebah dieuna.
> Mungkin (Meureun/Panginten)
> di daerah ngagunakeun istilah atanapi hiji kecap teh
> tos ilahar, tapi di daerah sanes mah teu aya.
> Contona
> kecap "teoh mung aya di daerah wetan,
> mungkin(Meureun/Panginten)
> ti
> Kadipaten/Majalengka ka Cirebon; sedengkeun ti
> Sumedang (wates Kadipaten) ka Bandung mah mung
> terang
> kecap "handap".
>
> Jaka


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
<font face=arial size=-1><a href="" href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hkelfd7/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1122893429/A=2896110/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com"> http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hkelfd7/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1122893429/A=2896110/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com
">Help save the life of a child. Support St. Jude Children¿s Research Hospital</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke