Kang oman, Linux jaman kiwari geus beda jeung linux keur kakara aya. Linux ayeunamah tampilan di layarnateh geus meh 90% sarua jeung windows. Jadi mun urang geus biasa jeung windows 95/xp terus disuguhan linux pasti moal bireuk deui. Kaalaman ku rerencangan kuring dikantor. Manehna teu apalaeun yan program nu dipake ku kuring teh...LINUX. Nu dilakukeun ku manehna klak-klik wae kaditu kadieu. Maen internet, maen geme jsb. Apal soteh pas dibajaan ku kuring yen manehnateh keur ngajalankeun komputer linux. Nah...ieu kanggo nu make komputer nu sifatna umum (internet, office, spreadseheet, multimedia, jrrd). Ari nu sifatna hususmah siga Administrator nu ngurusan server karek meureun kudu diajar nu sabenerna.
Kanggo nginstall oge geus euweuh masalah deui. Komo ku ayana distro linux KNOPPIX, jeung MEPIS. Mepis saencana diinstall ka hardisk urang urang bisa ngasaan heula make LIVE CD-NA. Hartina di bios susunan boot di mulai ti cdrom, asupkeun cdrom ka cdrom drive, hurungkeun komputer. linux mepis otomatis jalan bari jeung henteu ngaganggu konfigurasi komputer urang, asli teu ngaganggu setingan nanaon. sakitu heula dongengna. Cag. Thursday, August 4, 2005, 10:00:09 AM, you wrote: > Sistem informasi internet di kantor si kuring teh aya rencana > migrasi ka sistem opensource (linux). Nya karawanan, maklum si > kuring mah gaptek pisan, kudu diajar ti mimiti nol ngeunaan linux > jeung nu sejenna ti sistem opensource teh. Si kuring teh kacida > hayangna jeung sumanget keur diajar model linux. Orokaya, maklum > geus kolot jeung waktu anu sakitu samporetna, kahayang mah diajar > linux teh ngaliwatan internet bea. Kumaha kiran-kirana > Kang Adoel? Naha tiasa si kuring atawa nu sanesna diajar linux > ngaliwatan dunya maya? Atawa, manawi aya sarupa modul kanggo tiasa > ngoprek linux ngaliwatan alam maya. Keur anu ngajarna atawa anu > maparinan modulna mah nya salira bae disuhunkeun ridlona. Diantos > kasayogianana...bade ngalangkungan japri mangga, bade > ngaliwatan milist bae ngiringan. Hatur nuhun. -- Best regards, durahman mailto:[EMAIL PROTECTED] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h5e12fa/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123132817/A=2896110/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com ">Help save the life of a child. Support St. Jude Children¿s Research Hospital</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

