Napak Tilas Urang Sunda Kabuyutan Hal ieu tangtu negeskeun wawasan urang sunda jaman baheula. Nyaeta didukung ku naskah Bujangga Manik, Sanghiyang Siksakandang Karesian, jeung Carita Parahiyangan. Bujangga Manik nyaeta naskah karya Perebu Jayapakuan, anggota kaluarga keraton di Pakuan Pajajaran (ibu kota Karajaan Sunda). Anjeunna nyebut dirina Bujangga Manik. Naskah ieu eusina mangrupa tulisan salila manehna ngumbara ka Pulau Jawa jeung Bali saloba dua kali. Tina tulisan ieu anjeuna nyebutkeun ngaran tempat, kaasup ngaran gunung, walungan, jeung, pulau anu kaliwatan jeung anu katingali tina jarak anu deukeut jeung jarak jauh, ngaran tempat asal jalma jeung kapal laut anu panggih jeung anjeuna. Aya kira-kira 450 ngaran tempat anu disebut ku Bujangga Manik nu kaasup Pula Jawa, Bali, Sulawesi, Kalimantan, Sumatra, Malaya jeung Cina. Sanghiyang Siksakandang Karesian mangrupakeun naskah anu eusina ngandung carita budaya sunda jaman harita. Suhamir, arsitek jeung nu nalungtik sajarah Sunda kuna anu tilar dunya di Bandung taun 1966, nyebut eta naskah ensiklopedi kebudayaan Sunda. Di naskah eta disebut 55 ngaran tempat jeung bahasana anu dicepeng ku Jurubahasa Darmamurcaya (penterjemah). Tempat eta kaasup pulau nusantara jeung nu di luar nusantara (Asia Tenggara, Asia Timur, Asia Selatan, jeung Asia Barat), yen lamun ditingali tina wilayahna kaasup laut ti kepulauan nusantara, Laut Cina Selatan, Lautan Hindia, Laut Arab, Laut Merah, jeung Teluk Persia. Numutkeun tina judul nyaeta Carita Parahiyangan, naskah ieu nyebutkeun tempat-tempat di Tatar Sunda jeung sababaraha tempat nu di luar Tatar Sunda. Memang, naskah ieu nyaritakeun sajarah Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda anu dibangun abad ka-7 atawa ka-8 jeung runtuhna taun 1579. Dina naskah ieu disebut 81 ngaran tempat anu kaasup Tatar Sunda, Jawa Tengah, Jawa Timur, jeung sababaraha tempat di luar Pulau Jawa Dua naskah anu disebutkeun disusun pas jaman Karajaan Sunda masih aya, ari teks Carita Parahiyangan disusun teu lila ti karajaan eta runtuh. Nyaeta anu pasna Bujangga Manik disusun saacan 1511, nyaeta saacan Malaka takluk ka Portugis. Sanghiyang Siksakandang Karesian disusun taun 1518 (1440 Saka = 1518 Masehi).
Carita Parahiyangan disusun pas liwat tahun 1579 (liwat runtuhna Karajaan Sunda), tapi saacan taun 1596 (saacan datangna rombongan urang Belanda nu mimiti dipimpin ku Cornelis de Houtman), kulantaran dina ahir tulisan Karajaan Sunda geus eleh ku kakuatan Islam (Cirebon jeung Demak), jeung Banten masih disebut Wahanten Girang, jeung nu disebutkeun ngan Portugis, ari Belanda mah saeutik oge teu disebut-sebut. Ari umumna ngumbarana Bujangga Manik eta teh liwat jalan darat jeung leumpang, nya lain basa pas ngumbara nu mimiti ti Pemalang (ayeuna di Jawa Tengah) ka Kalapa (ayeuna Jakarta) jeung meuntas ti Balungbungan (Blambangan) ti ujung Pulau Jawa ka Bali kitu oge sabalikna. Dua lalakon ngumbara ieu dilakonan make jalan laut jeung naek kapal. Anu mimiti, naek kapal laut nu boga urang Malaka (Itu parahu Malaka. Turun aing ti Pamalang, tuluying numpang balayar, Balayar satengah bulan, banyat aing di Kalapa). Anu kadua, mimiti meuntas ti Blambangan ka Bali make kapal . (Kasampak aki puwahang, na puwahang Selabatang, dek meuntas ka nusa Bali, dek tuluy layar ka Bangka. Aing dek numpang ka Bali). Ti Bali ka Blambangan naek kapal laut ka Parayaman (Pariaman di Sumatra Barat) jeung Palembang (Sacunduk ka sisi laut, kasampak aki puwahang, puwahang Belasgara, dek balayar ka Palembang, dek tuluy ka Parayaman. Akiing juru puwahang, aing dek numpang di kita, dek sindang di Balungbungan). Umumna lalakon ngumbara Bujangga Manik di Pulau Jawa make jalan ngaliwatan daerah pantai. (Sadatang aing ka Puncak, deuk dina mungkul datar, teher ngahihidan awak dan ngalalar ka Tompo Omas, meuntas aing di Cimanuk). Jalan balik anu kadua ti Pananjung (ayeuna Pangandaran) liwat daerah leuweung Priangan tepi ka Pakuan (cunduk aing ka Pananjung, ka gedeng nusa Wuluhen, meuntas aing di Ciwulan, kapungkur Gunung Galunggung, datang ka bukit Cikuray, ngalandeuh aing ti inya, Eta na bukit Patuha, Itu Tangkuban Parahu, Itu ta na Gunung Sunda, meuntas aing di Cisokan, Sadatang ka bukit Ageung, eta hulu Cihaliwung, kabuyutan ti Pakuan, sanghiang Talaga Warna). Keur gambaran tapak jalan Bujangga Manik anu panjang, nyaeta ti keraton di Pakuan, ka Pakancilan, terus meuntas walungan Cihaliwung, ka Cileungsi, Citeureup, Timbun (Tambun?), meuntas walungan Citarum, Cilamaya, Cipunagara, Cimanuk, Gunung Ciremay, Kuningan, meuntas walungan Cisinggarung (Cisanggarung), Cipamali, Cicomal, ka Batang, Pakalongan, Padanara (Semarang), Demak, Gegelang, Bubat, Majapahit, Gresik, Gunung Brahma (Bromo), Panarukan, Balungbungan, meuntas ka Bali. Balik ka Balungbungan, nusa Barong (Pulau Barung di Jawa Timur), Lamajang (Lumajang), Gunung Mahameru (Semeru), Balitar, Gunung Marapi (Merapi), Mataram, Adipala (daerah Banyumas), meuntas ka walungan Cisarayu (Serayu), Sagaraanakan, walungan Citanduy, datang ti Pananjung, terus tapak jalan anu sarua ka Pakuan. Salian ti eta disebutkeun sababaraha ngaran tempat di luar Jawa jeung Bali nyaeta Malaka, Bangka, Makasar, Palembang, Parayaman, Jambi, Keling (India), Cina, Gedah (Kedah di Malaysia), Lampung, Tanjungpura (di Kalimantan), Cempa (di Vietanam), Malayu, Pasay (di Aceh), Salembu (?). Diantara 55 ngaran tempat anu disebut ku Sanghiyang Siksakandang Karesian, sawareh diantarana tos disebatkeun tina naskah Bujangga Manik tadi. Tapi sawareh deui teu disebutkeun, nyaeta di luar nusantara nyaeta Medinah jeung Mekkah (di Arab), Parsi (Iran), Mesir, Banggala, jeung Nagara Dekan (India), Pegu (Myanmar), Kelantan, Kedah jeung Pahang (Malaysia). Lamun wilayah nusantara nyaeta Surabaya, Samudra Tulangbawang, Ogan, Kumering, Andalas, Minangkabau, Manumbi, Indragiri, jeung Sakampung di Sumatera; Buton di Sulawesi; Sasak jeung Sumbawa di Nusatenggara; Seram jeung Solor di Maluku; Buwun, Sela, Buretet, Lawe, Jenggi, Sabini, Kanangen, Simpangtiga, Gumantung, Tego, Badan, Babu, Nyiri, Sapari, Patukangan, Solodong, jeung Baluk. (Aya ma nu urang dek ceta, ulah salah geusan nanya. Lamun dek nyaho di carek paranusa ma : carek Cina, Keling, Parasi, Mesir, Samudra, Banggala, Makasar, Pahang, Kalanten, Bangka, Buwun, Beten, Tulangbawang, Sela, Pasay, Parayaman, Nagara Dekan, Dinah, Andeles, Tego, Maloko, Badan, Pego, Malangkabo, Mekah, Buretet, Lawe, Saksak, Sembawa, Bali, Jenggi, Sabini, Ngogan, Kanangen, Kumering, Simpangtiga, Gumantung, Manumbi, Babu, Nyiri, Sapari, Patukangan, Surabaya, Lampung, Jambudipa, Seran, Gedah, solot, Solodong, Indragiri, Tanjungpura, Sakampung, Cempa, Baluk, Jawa; sing sawatek paranusa ma, Sang Jurubahasa Darmamurcaya tanya.) Tina 81 ngaran daerah anu aya tina naskah Carita Parahiyangan aya sababaraha daerah anu teu disebutkeun tina naskah Bujangga Manik jeung Sanghiyang Siksakandang Karesian, diantarana Medangjati, Kendan (di Nagreg, Bandung), Menir, Galuh, Muntur, Parahiyangan, Arile, Saunggalah, Kahuripan, Winduraja, Nusalarang, Rancamaya, Rajagaluh, Wahanten Girang, jeung Ciranjang anu aya ti daerah Tatar Sunda; Merapi jeung Kali Praga di Jawa Tengah jeung Barus di Sumatra Utara. Singhoreng hampir sakabeh data geografis anu disebutkeun cocok pisan jeung data geografis anu jadi sumber naskah sajarah primer anu mangrupa prasasti, naskah lain carita Portugis, jeung banda titinggal sajarah kabuyutan, saperti Kebon Kopi II, Kawali, Sanghiyang Tapak, Batutulis, Kebantenan, Huludayeuh, keur ngaran-ngaran tempat di Jawa Tengah, Jawa Timur, jeung daerah sejen di nusantara. Tulisan urang Portugis, Tome Pires (1513), Baros (1512, 1522, 1526, 1546), Duarte Barbosa (1500-1517), jeung Peter Floris (1610-1615) keur ngaran tempat di daerah nusantara jeung luar nusantara. Jadi, data ieu anu disebut kana naskah lontar Sunda kuna mangrupakan data sajarah anu hargana teu kaitung ku duit sabaraha oge. Aya pertanyaan, ku naon urang Sunda abad ka-16 bisa nyaho data-data geografis anu daerahna kaasup Asia anu sakitu gedena? Masalahna urang Sunda dikenal ku batur nyaeta jalma anu teu suka ngarantau, salian ti ngumpul jeung barayana di taneuh manehna lahir siga papatah kurung batok jeung bengkung ngariung bongkok nagronyok. Lamun sifat urang Sunda anu tadi dikaitkeun jeung wawasan geografis anu tadi, kira-kira teu saimbang anu disangka ku batur yen urang sunda teh kurung batok. Naskah Bujangga Manik ngabejakeun yen aya kabiasaan urang Sunda anu ngumbara ka luar daerah Sunda, tina hal ieu ka Jawa jeung ka Bali. Salian ti eta, urang Sunda biasa hubungan jeung awak kapal jeung naek kapal laut; eta hartina loba urang sunda anu ka luar tempat manehna lahir. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h4apk4n/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123143007/A=2896130/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail">Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project </a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

