hehehehe ....leres Kang Lukman urang kanekes mah henteu peryogieun serat
nikah oge henteu peryogieun akte kelahiran lamun gaduh putra. Perkawis
"sunda wiwitian" nu di Kuningan sareng Sunda Wiwitan urang kanekes, naha
sami henteu kuring kirang terang. Ngan panginten ari Sunda wiwitan urang
kanekes mah tadi parantos diposting ku Kang Durahman. Ari sunda wiwitan
diluar ageman urang Kanekes mah, katingalina mah, tadina tina aliran
kapercayaan/kabathinan. Sifat aliran kapercayaan umumna rada tertutup
(eklusif) jeung benten-benten. Jadi rada sesah ngorehanana, iwal ti lamun
urang ngiringan lebet. Sifat tertutup ieu tiasa janten tina reaksi
kulantaran dianggap lepat ("sesat") ku "mainstream". Ari benten-benten,
kumargi lahirna oge dimana-mana henteu museur di hiji tempat, tokohna oge
benten-benten.

Tapi anu jelas mah, sapertos di Jawa, di Sunda oge saleresna seueur
aliran-aliran teh, rararasaan mah kantos maca artikel/buku soal
aliran-aliran di tatar Sunda teh kenging urang IAIN Sunan Gunung Jati. Ngan
hilap deui judulna. Manawi aya baraya urang IAIN Sunan Gunung Jati?

Baktos,
WALUYA

----- Original Message -----
From: Lukman Hakim
To: [email protected]
Sent: Thursday, August 04, 2005 2:15 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] buku sunda wiwitan


Haturnuhun kang Waluya,

Ari masalah perkawinan mah adbi kantos ngaos di surat khabar,naming adbi ge
teu terang saterasnamah, mung masyarakat baduy mah panginten teu ngangko KUA
atanapi Catatan sipil panginten.

Sareng naha sami, paham na sunda wiwitan anu aya di kuningan sareng anu aya
dibaduy sapertos artikel ti kang durahman?

Baktos,

Lukman




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hfhb1f0/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123148752/A=2896130/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail";>Give
 underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to 
life by funding a specific classroom project  
</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke