Leres pisan Kang Manar, ieu buku mung ngamuat sabagean
tina tembang Cianjuran nu aya. Sareng sanes buku
sejarah deuih, mung nyobi kanggo medar eusi nu bade
didugikeun tina rumpaka tambang Cianjuran tea,
dicandak mung sabagean sareng dipilihan nu
kinten-kintenna luyu sareng pajamanan. Ngalangkungan
ieu buku, nu nyerat gaduh maksad hoyong nanjeurkeun
deui 'nilai-nilai luhur' urang Sunda nu karaos ku nu
nyerat mah tos kadeseh ku nilai-nilai ti bangsa sejen.

Masalah harga, kanggo koper biasa nyaeta 20 rebu, pami
edisi 'hard cover' 30 rebu, ongkos kintun (pami nu di
luar Bandung) disaluyukeun sareng beaya nu
diperyogikeun, pami nu di Bandung mah tiasa nyandak ka
rorompok, alamatna Sukamenak Indah blok F 46 Bandung,
saena nelepon heula ka 5400660 (bilih sim kuringna
nuju teu aya di rorompok).

Eusi buku teu aya nu robih, mung aya ralat
sakedik-kedikkeun (janten seueur pami dikempel-kempel
mah :D). Inpo sanesna, nu nyerat (H. Setia Hidayat)
ayeuna nuju dirawat di Rumah Sakit, panyawat prostat,
insya Allah enjing bade di operasi, pidua ti baraya
sadaya sangkan anjeunna tiasa sehat sabihara-sabihari
deui. Amin

--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sanes sajarah kang, mung kira-kira tafsir atawa
> makna ajen -inajen tina 
> sabagea tembang Sunda Cianjuran anu kapilih ku eta
> kumpulan rumpaka. Asana 
> aya dina pabetekan file-na. Duka upami edisi bukuna
> tos benten sareng file 
> anu aya dina pabetekan (edisi munggaran).
>  manAR
> 




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hu2f829/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123156242/A=2896130/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail";>Give
 underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to 
life by funding a specific classroom project  
</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke