Dulur-dulur sadaya saalam dunya,
Kamari pasosore si kuring miluan pagempungan di BPLHD dina raraga ngarampungkeun draft perda ngeunaan ngokolakeun leuweung deukeutan budaya Sunda. Anu hadir diantarana: Kang Mubiar, Kang Sobirin, Abah Olot (aya anu ngagelaran anjeunna: Rahmat Bedog, pedah eta, ceuk cenah, hiji waktu detektor tim pengawal presiden Gus Dur teu mampuh ngadeteksi bedogna anu mindeng disosoren ku anjeunna ka ditu ka dieu), Kang Kamal ti Generasi Soenda Padjadjaran (GSP), oge sepuh sareng kadang wargi US sanesna. Ieu draft perda poe senen hareup baris diguliksek deui pikeun kasaluyuan final. Cag heula soal leuweung, ijinkeun si kuring ayeuna ngabewarakeun rencana gawe ti GSP anu bade dilaksanakeun poe ieu (teu nanaon telat oge ngiberkeunana, nu penting mah kapireungeuh bae ku sarerea, yen aya kagiatan GSP pakait jeung pangwangunan di Punclut, Bandung Kaler, kitu talatahna Kang Kamal, kamari).
Enya, poe ieu, GSP teh rek ngayakeun hajatan ngaruwat Punclut, Bandung Kaler (urang sebut bae ku sebutan anu geus maneuh: Bandung Utara). Ieu acara teh bisa disebutkeun salaku "perlawanan" ti rengrengan generasi muda ngalangkungan cara-cara budaya, kana rencana pangwangunan (fisik utamana) di Bandung Utara, wewengkon ti lebah Dago-Ciumbuleuit nepi ka Lembang. Ieu acara baris dilaksanakeun ti mimiti tabuh
21.00 nepi ka tabuh 23.00 WIB di Kampung Cipicung Hilir, Punclut, Ciumbuleuit, Kota Bandung.
Sakumaha geus dipikawanoh ku loba ti antara masyarakat, wewengkon Punclut teh, ceuk katangtuan Tata Ruang (TR) Kota Bandung, eta kaasup kawasan lindung pikeun daerah serepan cai (lebah dieu sae diimeutan deui aturan/perda ngeunaan TR Kota Bandung; ka paramitra sadaya anu langkung uninga, mugi kersa ngoreksi si kuring upama aya kasalahan dina lebah dieu). Sahenteuna, dina ingetan masyarakat kalolobaanana, wewengkon Punclut teh alusna memang dijadikeun kawasan lindung bae, alias teu meunang aya kagiatan pangwangunan fisik anu loba ngarobah tatanan alam di dinya.
Pikeun langkung anteb kana pamaksuda ieu acara ruwatan Punclut, hayu urang ilo bae eusi iber (edaran) ti GSP ngeunaan ieu acara, urang cutat bae lebah mataholang acarana (ieu edara salengkepna aya di si kuring, ngan hanjakal hardcopy), hapunten henteu disundakeun atawa campur sari bae, sabab dicutat sacerewelna bae tina aslina. Kieu geura:
""SAJI SEBA DAN SAWALA, Menyikapi Rencana Pembangunan Kawasan Bandung Utara, Kajian Arti dan Nilai Sejarah, Cagar Budaya serta Lingkungan Hidup, Punclut Ciumbuleuit, 9-10 Agustus 2005"
Sampurasun. Rahayu.., Rahayu...Rahayu...,
Punclut Ciumbuleuit di sebelah utara Kota Bandung, keberadaannya mempunyai arti dan nilai budaya serta filosofis yang melekat, membumi, mengakar,....jst.
...Berdasarkan hal-hal yang diuraikan di atas, untuk mendapatkan ka Rahayuan, ka Bagjaan, ka Salametan, menuju Gemah Ripah Repeh Rapih tur Kerta Raharja, bagi masyarakat, Lingkungan, Negara dan Bangsa, dengan
Restu dan Widi nu Maha Kawasa, Leluhur dan Orang Tua serta Pimpinan dan Negara, agar segala sir, budi, cipta, rasa, tur pangadeg-ngadeg, ulah jadi Mamala, Pamali, nu ujungna katulah, jauh kana adab kamanusaan jeung kabangsaan nu luhung ku panemu tur jembar ku panalar. ....
Kami tidak apriori, antipati, atau menghalang-halangi terhadap rencana pembangunan di Kawasan Bandung Utara Tatar Awiligar, khususnya kawasan Punclut oleh Negara dan Pemerintah, selama rencana pembangunan tersebut tetap dalam prinsip kemakmuran, kesejahteraan serta keselamatan bangsa dan negara, dengan mempertimbangkan kepentingan keutuhan lingkungan hidup, sumber daya alam dan cagar budaya yang memiliki arti serta nilai sejarah adat budaya daerah dan bangsa.
Untuk itu, Kami Generasi Soenda Padjadjaran bermaksud melaksanakan acara Saji Seba, mundut kanu Maha Kawasa, meredih ka Karuhun Tatar Soenda, pinuhun rencana pangwangunan nu mana jeung ti mana bae, pami pikeun nyandap kaluhungan tur kajembaran, pados di widi, di restu katut di damping, lungsur langsar teu pacogregan, pagedrug jeung papada. Pon kitu deui, bisi bakal ngaruntag pakem anu aya tur bakal kasorang, mugia ku kakawasaanana Gusti Nu Murbeng Alam, miwah kaluhungan tur kajembaran Karuhun, sagala pamaksudan dina sir, ucap, jeung lampah paripolah manusa ditangkes teu laksana.
Dilajeng ku Sawala jeung Rengrengan Nonoman Masyarakat Sunda, boh Ormas, LSM, OKP, Pejabat Pemerintah, Tokoh Budaya tur Tokoh Adat Sunda, ngeunaan masalaha Kawasan Bandung Utara, khususna Punclut Ciumbuleuit, nu maksadna ngasapagodoskeun sir, ucap, lampah, paripolah tea, anu bakal negeskeun sikap tur pamadegan anu musti, ceuk cara pikir jeung pandang anu merenah tur samustina salaku manusa nu luhung ku panemu tur jembar ku panalar.
Demikian disampaikan, untuk mendapatkan kesadaran dan perhatian dari semua unsur Masyarakat dan Pemerintah Tatar Sunda (Jawa Barat).
"Pangemut-ngemut, mugia ka Rahayuan, ka Bagjaan, tur ka Salametan, kapiestu kanggo Pamarentah nu di Kota Bandung, Kabupaten Bandung, miwah pamarentah Provinsi Jawa Barat jeung wargana. Pamohalan ka saha bae, ulah merekedeweng hiri dengki, Kawasan Bandung Utara, nu boga jeung titinggal Karuhun Kami, nu ngajen arti tur nilai Sejarah, Cagar Budaya jeung Lingkungan, nu bakal dijaga, dibela, dimumule ku Kami, tong mancing perang bubta nu teu musti".
Rahayu...Rahayu...Rahayu...Pun Sampurasun. Rampes.
Bandung, 23 Juli 2005
Ketua pelaksana Sekertaris
ttd ttd
Tia Setiawan M. Soleh, Amd. Hut.
Ketua Umum Sekjen
Generasi Soenda Padjadjaran Generasi Soenda Padjadjaran
ttd ttd
Dicky Suwanda KKS Kamal"
Cag heula, ke ka hareup sugan pareng urang sambung ku posting susunan ieu acara ngaruwat salengkepna.
Baktos,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

