Aeh...nyaan...sidik (sidik teh basa wewengkon pun bojo, Garut = tetela) atuh ari kitu mah. Kana loba urang sunda anu istrina empat. Kang Ganjar, tos cekap kateranganana ti Ua Siddik. Nuhun.
 
manAR

 
On 8/9/05, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ahhhh... mama mah...anu dimaksad istri pa ayip "empat" teh, apan ..
istrina pa Ayip teh ibu Empat....nenehna tina Fatimah...
 
ssw
heuheuheu.....


oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Anu opat teh kabudayaan anu Kang Ajip kaetang manukna kitu? Atawa kungsi jeung eukeur dumuk di opat patempatan/budaya? Tegesna anu opat teh: Sunda, Indonesia, Jepang, sareng Jawa atawa Cirebonan? Mangga atuh Kang didadarkeun bae naon anu opat teh...gantung piresepan yeuh.
baktos,
manAR

 On 8/8/05, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Dina acara mapag kang Ayip ti Jepang di aula Unpad; sdrk. Syubhanudin Alwi -- sastrawan urang Cirebon -- anu janten moderator nyebatkeun yén kang Ayip téh salah sawios penganut poligami da istrina ogé "empat" cenah. Puguh wé anu teu terang mah rada kerung. Malahan kang Ayip na ogé  kawas anu rungah-ringeuh. Tapi ari anu terangeun mah sareuri, atuh kang Ayip na ku anjeun terasna mah seuri mesem.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke