Assalamu'alaikum wr. wb. Wilujeng enjing baraya sadayana, allhamdulilah ramat loka (web site) urang-sunda.or.id poe ieu geus dua taun teu karasa pisan asa kamari keneh. Tangtos pisan urang-sunda.or.id ieu tebih keneh tina sampurna, ari kahayang mah sepertos anu di saurkeun ku sahanya hilap deui ramat loka kusnet->urang-sunda.or.id kudu jadi referensi informasi perkawis kasundaaan, Jadi boh urang sunda atanapi lain urang sunda lamaun hayang neangan informasi kasundaan bisa neangan di ramat loka ieu, atawa bisa oge jang ngalengkepan ramat loka kasundaaan lainna, kitu meuren impian kuring jeung baraya nu lainna kahareup.
Salami 2 taun ieu, di taun kahiji kantos kabentuk hiji team intina mah kuring rek nganuhunkeun dina boga kasibukan tapi masih bisa keneh ngilu ngaropea ramat loka kusnet diantawisna : Kang Darpan, kang edi sukmayadi, wisnu wirandanu (anu nyieun banner),Kang kandar,kang panji, kang cecep, mang osam, kang bun (sarabunis), kang cepot, teh pupi, kang yaya, kang toni saha deuinya punten anu teu kasebut poho euy. Teu hilap ngahaturkeun nuhun oge ka rengrengan YP , Ua sas, mang j kum kasadayana kana sagala rupi pangrojongna nuhun pisan dugikeun ka ramat loka ngadeg. Teu hilap oge mang siddik, kang oman, bah willy, mang dindin (bekasi), mang h, kang rudi kitu deui ka nu sok kersa nyerat kang edi nugraha, kang rahmat, kang yaya (ctblk), pak ganjar kurnia saha deuinya kang dian nugraha, kang tantan kum welah kabehnya. Teu hilap ka pasoekan anu ngagarap "POESAKA SOENDA", jeung Nerjemahkeun al-qur'an. Teras upami kukuirng ditoong buku tamu nu aya di ramat loka kusnet (urang-sunda.or.id) lolobana sigana natanykeun eusina kunaon teu update cenah, jeung aya oge anu mikareueus kuayana ramat loka ieu, aya oge anu ngagogoreng he he.... Harepan kuring kahareup perkawis ramat loka ieu : * Aya hiji team anu solid * Regenerasi -> Allhamdulilah geus aya duaan nu geus siap jadi relawan (kang rezza,cepi sok saha deui mudah-mudahan aya generasi berikut jang ngaropea ieu ramat loka, harepan kuring kanu ngarora) Kanggo sementawis perkawis naekeun rohangan ramat loka kusnet insya alloh awal bulan september rek ditaekeun jadi 185 MB kanggo biayana bade aya nu mayaran kanggo kapayuna emutan urang sadayana hususna kanu ngarojong kana ramat loka ieu. Teu hilap kuring menta hampura ka kang oman, mang h, kang runa kamari keur chating kuring langsung ngiles he he.....serverna ngadat dugikeun kaayeuna teu acan tiasa nyambung deui chatingna, ari browse mah tiasa, intina kuring ngarojong pisan mudah-mudahan aya pangrojong oge ti baraya sadayana. Sakitu wae heula ti kuring hapunten kana sagala kakiranganana, mangga diantos saran sareng kiripikna he he......kritikna. Wassalam @ERN ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h4psanl/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123641956/A=2896130/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail">Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project </a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

