Dikintun teh pedah eta, kang Rahman, kamari basa tas sholat Lohor di Masjid di kantor, aya ceramah soal Ahmadyah. Pokona mah teu leres weh Ahamdyah teh, kuring oge unggut-unggutan, satuju ari kituna mah, da kuring mah lain jamaah Ahmadyah. Ngan jadi rada ngahuleng, waktu kuring ningali dina bor papan pengumuman di masjid, aya tempelan, nu eusina foto Prof Abus Salam, make tulisan "Ilmuwan ISLAM Pemanang Hadiah Nobel Fisika", terus aya riwayat hirupna. Ngahuleng teh, pedah emut yen Prof Abus Salam teh Akhmadyah. Jigana mah DKMna teu terangeun Prof Abus Salam teh AKhmadyah, da lamun terangeun mah moal enya "jelema sesat" kitu foto jeung biografina di tempel papan pengumuman di masjid .......
Baktos WALUYA Kang Wly, Nuhun kintunan artikel SH na. Kuring teh pernah maca (duka dina koran anu mana, hilap deui) statement Muhammadiyah ngeunaan Ahmadiyah tea. Anu intina mah keukeuh nyalahkeun Ahmadiyah, sabab make ngaran Islam cenah. Hanjakal... Maca eta statement tea, kuring teh terus terang rada hareugeueun. Panyana teh rek aya pernyataan anu rada moderat lah, tapi geuning ampir sarua jeung nu sejen. Balik kana sual ngaran, atuh asa leuwih hade lamun eta ngaran teh dipatenkeun bae? Asa kacida lamun tungtungna eta ngaran teh engke make TM, atawa make c dibuleudan...ck, ck, ck... Saha anu boga hak make ieu ngaran sacara hukum nya? Baktos, Rahman, Wassenaar/NL ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hg29qef/M=362343.6886681.7839642.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123652978/A=2894352/R=0/SIG=11fdoufgv/*http://www.globalgiving.com/cb/cidi/tsun.html">Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

