Hatur nuhun ka parawargi anu parantos ngiring belasungkawa, kum teu diwiji-wiji, mugia Allah SWT., kersa ngalebetkeun eta perhatosan janten hiji amal ibadah ............
Amien ya robbal alamin....
Pribados sareng jenatna Emang anu nembe ngantunkeun gaduh tataliwargi anu istimewa, numutkeun sarsilah (pancakaki) garis katurunan mah abdi teh kapi paman ka almarhum, namung eta emang teh tiorok beureum dikukut ku rakana pun aki, nya kitu deui sim abdi tiorok beureum dikukut ku rakana pun aki oge.
Janten almarhum sareng pribados teh tunggal saindung-sabapa kukut, waktos nuju alit dugi ka tepang panungtung taun 2002 mah sim abdi teh nga Aa keun ka almarhum teh.
Kukituna para wargi tangtos ngamaphum kumaha ngajenghokna hate abdi, waktos nguping wartos tilar dunyana eta pun paman ..
Sakali deui hatur nuhun kapara wargi sadaya...
nu nuju prihatin
ssw
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

