Lain bade ngajak debat, tapi ieu mah rek nagdongeng, kajadian baheula, 6 taun kapengker. Harita teh kuring kabawa ngagawekeun hiji pagawean, jeung para "suhu" nu aya di kampus cap gajah. Aya "suhu" nu geus pangsiun, urang Sumedang, Islam jeung Haji. Aya oge "suhu" urang jawa, istri, agamana Katholik. Resep oge digawe babarengan jeung para sepuh ieu, teu nyangka bisa digawe babarengan. Si Ibu Sepuh nu urang jawa teh katingalina hormat pisan ka Aki "sepuh" nu aslina urang Sumedang teh. Ceuk beja mah waktu si "nini" mahasiswa, nu ngabingbingna teh si Aki ieu.
Waktu keur riweuh-riweuhna, ngagawekeun pagawean, si Aki "sepuh" bebeja moal waka ngiluan, anjeunna arek umrah heula jeung sakalian cenah hayang piknik kukurilingan di Eropa, ngalaksanakeun cita-cita ti baheula, lamun eureun digawe (pangsiun) hayang ulin heula, ngajaran jadi "jelema beunghar" ngalaman jadi wisatawan ka mancangara. Papepndak-papendak deui jeung si "Aki" teh waktu rapat pagawean, anjeunna kakara saminggu mulang tina piknikna. Atuh rapat teh lolobana jadi nanggap dongeng anjeunna. Si Ibu nu urang Jawa mani tetelepek naros kumaha umrah teh, terus piknik kamana wae. Si Aki nyebut saatosna umrah, anjeunna teras piknik ka Turki, ka Italia .......jeung ka Vatikan, hayang terang jiga kumaha cenah. Geus ngadongeng, kusiwel manehna teh ngodok sakuna, terus ngaluarkeun untuyan jiga tasbeh, tapi aya gantungan salibna, terus dibikeun ka si ibu Sepuh, bari nyarios :" Sus, ini oleh-oleh buat kamu dari Vatikan, sengaja aku beli buat kamu" Bari nampi oleh-oleh eta, katingali raray si Ibu Sepuh rada bareubeu, meureun anjeunna "terharu" atanapi duka kumaha, pedah dioleh-olehan "salib" ku urang Islam. Ayeuna, keur rame-rame soal Pluralisme haram, kuring jadi sok inget wae kana kajadian eta, meureun eta kitu nu disebut "pluralisme" teh? Baktos, WALUYA 1)Si Aki Sepuh, saatosna pangsiun, aktif di perguruan Tinggi Swasta di Bandung, ngan ayeuna mah cenah parantos sering aya di bumi margi parantos seueur nu karaos. 2) Si Ibu "Katholik" ayeuna salah saurang guru besar di kampus eta. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hn1tb8d/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123822290/A=2896112/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com ">Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children¿s Research Hospital</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

