Sampurasuun, parawargi ... Kang Asep Komara, maksad simkuring Sanens Agama Islamna anu Lepat, Mung jalmi anu Tos Lebet Islamna anu Jadi Perkara (Ummat Islam sagemblengna), kumargi ti Zaman Rasululloh oge seu-eur jalama Muslim anu disebat Jalmi Munafikun, ari dipayuneun Kanjeng Nabi s.a.w sumuhun dawuh, ari dipengkereun nonggongan, komo ngacir tina keur Peperangan mah, keur ngabela Islam. ieu cirining yen anu disebut jalma Munaafiquun teh Jalma Islam keneh...
Eta jalma Munafiquun teh, Aqidah na mah aqidah Islam, ngajalankeun kawajiban anu disyare'atkeun ku Ajaran Islam, mung anjeuna lemah keneh Imanna (Imanna teu kalawan Ma'rifat) jadi ngagaduhan gawe Munafiquun. Aya anu lebet Islamnana teh pedah kapaksa supaya kedudukannana Aman, padahal Islammah ngajarkeun yen dina Agama teu aya Paksaan supaya asupna jst... Tah nuju jumeneng keneh Kanjeng Nabi s.a.w tos wantun kitu gawe jalma Munafiquun teh, kantenan saparantosna kangjeng Nabi wafat mah...parebutan jadi Kholifah, malsukeun Hadist pikeun kapunjulannana, tikawit Ali r.a keluarga Nabi anu disebat salaku (Ahlul Bait dina Al-Qur'an sareng hadistna) di kakaya diperlakukeun kawas kasato..dst hapunten sanes berarti simkuring kelompok Syi'ah pedah nyinggung-nyinggung Ahlul Baet kumargi parantos ditandeskeun dina Al-Qur'an surah Al-Ahzab ayat 33, sareng dina hadist Shohihna : Nabi s.a.w bersabda :"Perumpamaan Ahlul Bayitku ibarat Bahtera Nuh. Siapa yang ikut berlayar bersamanya dia akan selamat, dan sesiapa yang enggan dan terlambat, dia akan tenggelam. (Ibnu Hajar, Zawaid Musnad al-Bazzar, hlm.277;Al-Tabrani, al-Mu'jam al-Kabir, Juz I, hlm.168) punten teu disundakeun... Asep Komara : "Duka naon atuh nu pabaliut, pangemut abdimah, sanes Islam > anu keur dirongrong masalah tapi masalah anu ngarongrong > hoyong didukung islam, manawi". tah dina perkawis Islam dirong-rong masalah teh nyaeta dina palebah cecekelan ummat Islam nyatana Hadist Nabi, da geuning jaman ti kawit Khalifahan Abu Bakar dugi ka Ustman oge seratan hadist-hadist Nabi teh di Du rukan, dicarioskeun seratan Hadist anu aya di Siti 'Aisyah oge diduruk anu seu-eurna +/-500 hadist... tiasa di baca dina buku anu judulna SAQIFAH-Awal Perpecahan Ummat, saha ari Abu Hurairah teh? anu seur ngariwayatkeun Hadist dugi ka kirang langkung 53.000 hadist, seur dina Bukhori-Muslim jsb... matak Islam ruksak teh ku Jalma Islam keneh "Al-Islamu Mahjuubun Bil Muslimiin"...sanes ku batur wungkul anu ngaku-ngaku Islam sareng hoyong di dukung ku jalmi Islam, jalmi Islam na oge ti saatos wafatna Kanjeng Nabi s.a.w loba masalah, tah didieu urang kedah maluruh Sajatina Islam, ari sajatina Islam kahartos ku simkuring nyaeta kudu Wanoh ka Gustina (Ma'rifat), kedah apal kana Diri jst... Asep Komara : > Namung kayakinan simkuring mah Islam nu saleresna pasti > aya da di raksa kunu kagungan-Na, numawi kedah terang kanu kagungan ka Agunannana (Ma'rifat ka Alloh) supados tiasa milah-milih anu leres tikawit pabaliutna Hadis, Tafsiran Al-Qur'an tug dugi ka Sejarah Islam-na. Asep Komara : > Ari Islam mah gening ceuk katerangan nu ka hartos > kusimkuring anu ngabenerkeun jeung nyampurnakeun atanapi > memeres ajaran budaya boh upaya pikeun ngahijikeun manusia > jeung ditampi deui ku Gusti numaha suci bari sasarengan ti > jaman nabi Adam dugi ka jaga... Leres pisan eta teh kang Asep, yen Islam teh NGABENERKEUN jeung NYAMPURNAKEUN, Ngabenerkeun ajaran Samemehna sarta Nyampurnakeunnana eta TUJUAN ISLAM. tapi ku urang osok dilengkahan teu terang kana ajaran samemehna, Kumaha Ajaran Samemehna Islam anu dicandak ku Kangjeng Nabi .s.a.w teh katut Budayana tos aya di sabudeureun Urang teu acan? Anu Kumaha Kayakinan, Kabudayaan anu samemeh Islam teh tos karaos teu acan kur urang sadaya? tangtos urang moal terang upami urang teu ngaguar kana Kayakinan Luluhurna Masing-masing suku bangsana heula tipayun, khususna ka Urang Sunda meureun kudu ngaguar heula Elmu Kisunda tipayun, naha urang sunda baheula teh geus boga Kayakinan, Kabudayaan teu acan? Naha Urang Sunda baheula teh tos Waranoh (Ma'rifat) ka Gustina teu acan? parantos Nyarungsi Diri teu acan? Upami nilik tina Khutbah ka-1 Saidina Ali r.a sareng katerangan Hadist, katut Imam Ghozali, yen nerangkeun "Man 'arofa nafsahu, faqod 'arofa Robbahu", "Waman 'arofa Robbahu faqod jahilan nafsahu", hartosna : "Sing saha Jalama anu geus terang kana Dirina, Pasti Geus Wanoh (terang) ka Gustina", "Jeng sing saha Jalma anu geus (ngaku) Wanoh ka Gustina (bari teu apal kana dirina), Pasti kabuktian manehannana teh Bodo". tah...tah..ayeuna urang nilik kayakinan Elmu Sunda anu nerangkeun kedah "Nyungsi Diri, Nyuai Badan Angelo Paesan Tunggal", ieu ajaran teh kedah terang kanan diri, muka badan sakujur pinasti panggih anu namina kaTunggalan (Tauhid tea). Islam sok diterangkeun ajaran Tauhid jst... Dina hal kayakinan mah geuning geus pada baroga jeung sarua dina kayakinan Tunggalna Gusti Anu Maha Suci, ngan dina ngajalankeunna (Syari'at) beda-beda, puguh wae...atuh Syare'atna Nabi Musa benten sareng Nabi Ibrohim sareng saterasna, ulah tebih..tebih, dina Islam Ayeuna oge Syare'atna mah sok beda-beda... Mangga urang lenyepan kana mah sing karaos perkawis : ALHAMDU LILLAHI RAB-BIL'ALAMIIN Alhamdu : ari Sadayana Puji Lillahi : eta tetep kagungan Allah Rabb : Gusti (Tuhan) Al-'Alamiina : sadaya Alam (pirang-pirang Alam) langkung ti dua. Ari Gusti (Rabb) anu mangeranan sadaya Alam ngalungsurkeun aturan ka sadaya manusa (bade Cina, Walana, Sunda, Amerika, Arab jst) supaya ngagungkeun sarta babakti ibadah ka Anjeuna salaku Pangeran Sadaya Alam. Aturan GUSTI eta anu disebat Agama (Ad-diin) tegesna Ageman atawa anggoeun hirup sadaya manusa. Ari aturan Gusti tujuannana pikeun kasalametan urang keneh anu keur diumbarakeun ku Gusti. Anapon ngumbarana eta, gumelarna urang hirup di ieu Alam Dunya, urang sadaya teu Niat hoyong hirup di ieu Dunya, teu ngemutan bakal hirup di ieu Dunya, teu rencana urang hirup di ieu Alam Dunya cawis sing surti urang netepan kana Dalil Laahaula Walaa Quwwata hartosna 'Teu Daya-Teu Upaya' teu gaduh kawasa pikeun gumelarna urang sadaya hirup di ieu Dunya terasna Illaa Bil-llaahi, anging ku Kersa sareng Pangawasana Allah. Atuh ayeunamah dageuning gumelar aya, aya rasa urang, aya paningal urang, aya pangrungu urang, aya pangucap urang cawis sing surti Gusti maparin Kawasana, maparin Daya, maparin Upaya kana Jasad sareng Rohanina anu buktos ngarupikeun Pangasih (Ar-Rohman) pangasih kawasaNa sareng pangawasaNa (Qud-drot sareng Irodat), soca sareng daya paningalna, cepil sareng daya pangupingna, baham sareng daya pangucapna, pangambung sareng daya pangangseuna, panangan sareng daya obahna, sampean sareng lengkahna, eta sadaya kedah ditarimakeun kalayan upaya urang sadaya kana laku Tekad Urang, laku Ucap Urang, laku Lampah Urang sae awon hasilna katampi ku Urang keneh, didieu tempatna urang kedah ngimankeun kana Taqdir sareng Qadha. Taqdir Gusti (katangtuan Gusti) dipilih da parantos gaduh pamilih (Baleg) teras dipilampah da puguh parantos gaduh daya sareng upaya pikeun milampahna, hasilna eta disebat Qadha Gusti (Netepkeun Gusti) ka Urang, Qadha Gusti etamah katampi ku Urang boh sae boh awonna ku Urang tarimakeun da anu milampahna Urang keneh. Tumarimana puji urang kana naon-naon anu kacatur di luhur karandapan ku sadaya manusa (bade Cina, Walana, Sunda, Amerika, Arabna jst) Kafir- Muslim, Nasrani, Yahudi anu hirup di ieu Alam, eta teh LILLAHI tetep teu di beda-beda kagungan Allah, Gustina sadaya Alam (Rab-bil'alamiin). serata kuring 14/04/2004. Janten upami manusa pada terang sareng nyungsi ka Diri, sadar yen hirup di Dunya teh sanes kenging Niat-sanes kenging Kahoyong Diri Urang, sadar yen sami sadaya Manusa oge hirup teh asalna ti Anu Hiru (Al-Hayyu) dikersakeun ku Kersa sareng Pangersana Pangeran sakabeh Alam (ngalenyepan Alhamdulillahi Robbil 'Alamiin) tinangtos Manusia ngarawat ka Takdirna jadi Manusia anu kudu ngajalankeun kana Takdirna Manusia nyaeta Kamanusaan ulah kasatoan, Geura urang tilik Sato, ari sato mah saeutik beda jeung Baturna naha parebutan dahareun atawa parebutan kakuasaan, atawa parebutan bikang, sok langsung nyerang baru harus sorana teh..jeng saterusna... sakitu heula ti simkuring, aduh hapunten panjang teuing... baktos Agus Wirabudiman ----- Original Message ----- From: Asep komara <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, August 09, 2005 4:59 PM Subject: Re: [kisunda] ISLAM KEUR DI RONG-RONG KU MASALAH-Detikcom:Pendukung Gus Dur di Jatim Ngamuk, Ancam Serang MMI > Haturan kasadayana dulur-dulur > > > Abdi ningalna tos patebih teuing jigana persepsi islam > sareng islam saleresna, upami saur hadistmah, engketeh > jaga Islam bakal asing deui.tapi sanes teu aya. > > Ari Islam mah gening ceuk katerangan nu ka hartos > kusimkuring anu ngabenerkeun jeung nyampurnakeun atanapi > memeres ajaran budaya boh upaya pikeun ngahijikeun manusia > jeung ditampi deui ku Gusti numaha suci bari sasarengan ti > jaman nabi Adam dugi ka jaga... > > Kanyataan anu katingal seur anu ngatasnamakeun islam tapi > henteu katingali memeresna teh komo upami nyampurnakeun nu > tos aya, kadang-kadang ku urang islam nyalira rada > kerung... > > Namung kayakinan simkuring mah Islam nu saleresna pasti > aya da di raksa kunu kagungan-Na, sareng angger benerna > teh, jeung teras ningkat peran sareng kualitasna dina > tugas hirupna, komo upami ngangge logika tilem mah, para > Rosul, Para Nabi, para shohabat sareng umat Muslim anu > kapungkur teh geuning langgeng tugasna. > > kitu manawi leres > > salam baktos > > Aka ISLAM KEUR DI RONG-RONG MASALAH Sampurasun saderek sadaya anu lebet dina Milisi Urangsunda, Kisunda, Baraya_Sunda... euh mani ketir ngabandungannana, Geus Ahmadiyahna, MMIna, NU pendukung Gusrdurna...asa can rengse pertikaian dina ISLAM teh, marebutkeun hayang salamet hirup di Alam papasangan, Alam Pangumbaraan kabeh Manusa, pada umaku hayang miboga kapunjulan jeung nanjeurna NGARAN ari LAKU-LAMPAHna teu di Tanjeurkeun..., ngan kitu bae Laku-Lampahna teh dipake marebutkeun NGARAN matak pantes ISLAM mah ruksak ku Jalma ISLAM keneh "AL-ISLAMU MAHJUUBUN BIL MUSLIMIIN". naha naon anu jadi perkawis atuhnya..... naha anu ti Faham Wahabiyah, Syi'ah, ti Faham mana wae asa can aya beresna...antukna teh tuluy jadi masalah...sulaya jeung ngaran anu di ugung-ugung, jadi ngariweuhan di Nusantara... ah duka ketang, duka marebutkeun nanahaon atuh....(ngahelas batinmah mani ceurik balilihan) nyata geuning urang teh kaleungitan Jati Dirina boh ti Acehna tepi ka Iriannana salaku Bangsa Indonesia teh, teu kalangkung Urang Sundana. ISLAM (hartina PASRAH SUMERAH kaNu Maha Kawasa, Robbul 'Alamiin) kumaha wae eta mah ngahartikeunnana ISLAM, intina mah supaya Manusa Salamet Dunya rawuh Akherat, Pulih Kajati Mulang ka Asalna. he saderek anu boga ngaran AGAMA ISLAM, dina Hadist Bukhori+Muslimna, kanjeng Nabi s.a.w ngandika : "Kuring teh Lautan Elmu sareng ari Ali eta teh Pantona Elmu". ieu katerang teh geus Masyhur jeung Shohih tingkatannana eta hadist. saha-saha anu hayang ngarti kana Elmu kanjeng Nabi Muhammad s.a.w dina ngahartikeun Al-Qur'anna boh dina ngahartikeun Hadistna, maka pantona teh katerangan ti Imam Ali r.a kulantaran anjeunannana aya jaminan ti kanjeng Nabi .s.a.w salaku Pantona Elmu, anu jadi pertanyaan simkuring, KAMAKEUN ATUH ELMU TI SAIDINA ALI R.A teh? kuring hoyong terang anu namina PANTONA ELMU Saidina Ali r.a? ari Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w LAUTAN ELMU, geuning nilikan dina Hadist Bukhorina dina Muslimna mani saeutik pisan Hadist-hadist anu dicandak ku Saidina Ali r.a, seu-seurna teh ti Abu Hurairah we, saha atuh Abu Hurairah teh, iraha lebet ISLAMna? perkara ieu keur kuring "TANDA TANYA BESAR", pantes wae atuh Jalma Islam teh Pakepuk loba wae Masalah...meureun..ieumah ceuk kuring, Kulantaran cecekelan anu teu menang di tinggalkeun nyatana Al-Qur'an+Al-Hadist, dina Hadist na loba Masalah...timimiti Hadist Shoheh, Do'ifna tug dugi ka Hadist Palsuna, loba pisan rupana Hadist the... Cenah aya anu nyekel wungkul Al-Qur'an atawa anu disebut Aliran Qur'ani tetep pagedug, da moal bisa nafsirkeun Al-Qur'an sakarep-karepna sewang sewangngan, da tadi oge nitah nyekel Qur'an jeng Hadist. Upami nilik tina Khutbahna Saidina Ali r.a dina Kitab Najhul Balaghoh anu di Angkeun eta Kitab teh ku Ulama-ulama ti Sunina boh Syi'ahna, ngan duka ketang ti Ormas-Ormas Islam nu aya di Indonesia (Persis, Muhammadiyah, NU, Ahmadiyah, FPI, MMI dst) nyarepeng/dijadikeun sumber kajian Nafsirkeun Al-Qur'an henteu kana eta Kitab, upa Hadist Bukhori-Muslim mah tangtos aruningaeun da puguh ge pegangannana Al-Qur'an+Al-Hadist. dina eta Kitab teh nerangkeun yen "Pangkalna Agama teh Ma'rifat ka Gustina", http://www.balaghah.net/nahj-htm/id/id/kh/main.htm, Khutbah ka 1. Dina Bab Ma'rifat oge kitu, dina ngabejer beaskeunnana Bab Ma'rifat teh beda-beda, cenah "ku ngajalankeun Sholat lima waktu jeung ngajalankeun syari'at Islam anu sejenna oge eta teh parantos ma'rifat teu kudu susah-susah Ma'rifat ka Alloh mah", Aya deui anu ngabantahna, kana Perkara Agama ulah di enteng-enteng, ulah di susah-susah jst....erek Sholat/Nyembah kamana lamun urang teu wanoh (Ma'rifat) ka Gustina, tangtu Sholatna moal di Tarima da Sholatna sakarep-karepna jeung deuih Perkara Sholat mah diwajibkeunnana teh Waktos kanjeng Nabi Muhammad s.a.w diangkat janten Rosul dina Yuswa +/- 40 tahun. Ari samemehna yuswa 40 tahun, kumaha Aqidahna (Iman) jeung milakon Ibadahna? Uapama ku ta'at Ngajalankeun Sholat-Puasa-Zakat-Haji cirining eta geus Ma'rifat, atuh samemeh di wajibkeun Sholat-Puasa-Zakat-Haji kanjeng Nabi Muhammad s.a.w teh teu Ma'rifat (teu Apalaleun ka Gustina) bade ngajalan keun D'awah Agama Islam anu Tauhid kumaha upami can Ma'rifat? matak Pangkalna Agama teh Wanoh (Ma'rifat) ka Gustina. jeng saterusna perdebatan dina perkara Ma'rifat, anu di unggel keun ku Saidina Ali r.a salaku pantona Elmu teh yen "Pangkalna Agama tegesna Ma'rifat (wanoh) ka Gustina". Rupinamah anu disebat "AL-ISLAMU MAHJUUBUN BIL MUSLIMIIN", islam ruksak ku jalma islam teh, eta tegesna Jalma nyekel Agama teu kalawan Wanoh (Ma'rifat) ka Gustina, anu di Ugung-ugung jadi alesan teh cukup ku Nyebut Namina Gusti sareng ngadzikirkeunnana, Allohu Akbar, Subhana Al-lloh, Al-Hamdulillah jst..ari eusina anu disebut Ngaran teu di udag jeng teu dipaluruh...antukna silih marebutkeun "KEBENARAN", korban harta-tanaga korban nyawana. ah mung dugi ka dieu wae ti simkuring, etamah bade dijanten keun ieu seratan cenah leuwih ngaririweuh, mangga, bade dilenyepan kana manah kanggo mepeling diri supaya ulah kabawa ku sakaba-kaba mangga, eta anu dimaksud, hapunten bilih teu sapagodos sareng wargi-wargi di milisi Urangsunda, Kisunda, Baraya_sunda... Insya Alloh sanes waktos disambung deui.... baktos Agus Wirabudiman KOMENTAR TI Kang ASEP ROHMANSYAH, Anggota Mail List [email protected] Leres pisan eta teh kang Agus ah da ulah aneh urang mah ku kayaan islam jiga kieu teh silih ciwit, silih siku sareng papada urang deui teh da tos ti kapungkurna sapertos kitu di urang mah sok resep jigana teh lamun tos ngultuskeun jalmi teh sanajan si eta jalmi misalkeun ngalakukeun kasalahan pasti di benerkeun we jigana teh alim milarian kabeneran teh. Upami urang nilik tina sejarah da emang ti kapungkurna saatos wafatna kanjeng nabi hog hag marebutkeun kakuasaan ngan teu aya anu wantuneun nyatet sejarah kelam harita anu sajentrena tapi dina kitab athobari aya kasinggung-singgung. Ayeuna we mangga lenyepan aya hadis anu sapertos kieu "Sing saha anu ngaku kami sebagai pimpinan maka angkat lah ali sebagai peminpin", hadis ieu teh shohih bahkan di saksenan ku seueur jalmi waktos harita, tapi naha sa atosna kanjeng Nabi wafat bet Abu Bakar anu nyepeng pucuk pinpinan, dengan alasan Abu Bakar lah sahabat nu paling sepuh padahal syarat utama nu kudu janten peminpin teh kedah luhung elmu na pan jelas aya hadis nu nerang keun yen imam Ali teh panto na elmu. Bahkan waktos abu bakar janten khalifah anjeuna ngangkat muawiyah sebagai gubernur di mesir. tah ti dinya cikal bakalna berdirina bani ummayah teh dugi ka putrana muawiyah anu wastana yazid saetos bani umayah nyepeng kakuasaan anjeuna ngabantai 40 keturunan rosul di karbala. Bahkan mastaka na Imam Husen cucu kesayangan rosul dugi ka di arak sareng di jantenkeun hiasan di gerbang kota. matak na kang agus tong aneh upami seueur hadist anu perawina ti abu hurairoh da anjeuna teh salah sahiji pejabat waktos jaman na banni umayah upami ayeuna mah sebagai jaksa agung jigana mah. tapi urang teu pernah hoyong milarian nyukcruk sejarah nu saleresna. Jadi abdi teu ngarasa heran da ti kapungkurna oge sapertos kitu mung tiasa hanjelu sareng prihatin we sim kuring teh da ari berbuat mah teu tiasa nanaon. Hapunten ka sadayana upami tulisan sim kuring teu sapagodoh Baktos Asep Rohmansyah ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h9s87dq/M=362329.6886307.7839373.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123828161/A=2894324/R=0/SIG=11hia266k/*http://www.youthnoise.com/page.php?page_id=1998">1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

