Wilujeng teh mpup, Alhamdulillah atuh tos salamet mah. Mugia sing janten budak soleh tur babaktos ka ibu ramana, angot ka bibina mah!Geura akekahan we bari nyukuran nya, ke kusnet ulem................nyate euy!
 
Deny

Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ti dinten Senen dagang kost-an nyebarkeun brosur kost di kampus Unpad
Dipati Ukur, ka mahasiswa baru (husus wanoja).. Ari bada lohor keur
megat beus ka Jatinangorkeun, ditlp ku teteh (lanceuk nu ka-1), cnah
kudu buru-buru ka RS Al Islam lante 2, da rek ngalahirkeun, daripada
wangsul ka Jatinangor nu cenah macet, sabab jalanna ditutup (keur aya
Pa SBY di STPDN).. Nya ti Dipati Ukur teh naek angkot Riung Bandung-
Dago ka RSAI-keun.. (mun tiap ka RSAI teh sok emut ka punbapa nu
ngantunkeun didinya, sareng sok emut oge ka Pa dr. Dadang Rukanta),
ngadedekluk we di Ruang Transfer, ngantosan si Teteh nu keur diinduksi,
da teu aya karaos mules, tapi kedah dinten eta ngalahirkeun.. Dugi ka
jam 10 wengi di RS teh, wangsul wae ka bumi.. dugsek, da cape meureun..
Jam 4 lilir, ngasms ka Teteh, naha geus lahir atawa acan, cnah mah tos
lahir tabuh 23.20, budak awewe, 2,85 kg, 50cm.. Wah boga deui alo
euy!..

Enjingna tos tiasa mulih ka bumi, sabada diparios heula ku dr. Nya
mulih ka bumi, budakna oge indung budak..

Asa cape puguh, sadidinten dagang kost-an, nu alhamdulillah dinten ieu
mung sakamar deui nu nyesa..

Nembe tiasa ngarenghap, sareng tiasa onlen deui..

Tos ah, panjang teuing

~ipup~





__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke