2005/8/14, Imam N M Ali Wiratmadja [EMAIL PROTECTED]:
Perbedaan Daya Tangkap Orang Sunda Terhadap Tulisan Berbahasa Sunda dan Tulisan Berbahasa Sunda
Kang Imam, sigana mah salah ketik judul nya? duanana tulisan basa Sunda
"...Tulisan Berbahasa Sunda dan Tulisan Berbahasa Sunda"
"...Tulisan Berbahasa Sunda dan Tulisan Berbahasa Sunda"
Naha maksudna TULISAN vs LISAN, atawa TULISAN B. SUNDA vs. TULISAN B. SEJEN (INDO?)
Kumargi simkuring panasaran, naha enya basa sunda mah leuwih pas janten bahasa lisan, panginten kana tulisan kieu mah kirang kahartos. Budaya lisan tea, geuning.
Ari ceuk kuring mah (teu make teori2an, da teu kungsi maca buku teori sastra), sakabeh basa ge asalna mah basa lisan. Dina budaya Sunda, kuring teu apal, ti mimiti iraha urang Sunda wanoh jeung basa tulisan. Titinggal arkeologi nu geus katalungtik, nu pangheulana wanoh jeung basa tulisan di Nusantara teh nya urang Sunda pisan (prasasti titinggal Tarumanagara, najan basa & aksarana impor ti Indihe). Duka tah bukti2 sajarah nu make basa sunda tulisan, tapi SAHANTEUNA dina abad welasan mah geus aya aksara & basa Sunda tulisan teh...
1. Pan dina basa sunda mah seueur kecap anu sesah/panjang (contona: peupeureudeuyan, gurunggusuh, manghariwangkeun).
teu kudu jadi halangan, bandingkeun bae jeung kekecapan dina basa deunegun nu mantep basa lisanna: pertanggungjawaban, mempertanggungjawabkan, independence, jsb.
2. Ditambih deui ku kaayaan jaman kiwari, bahasa Indonesia dipikamaneuh janten bahasa resmi, bahasa inggris dianggo globalisasi, beuki weh bahasa Sunda mah kasilep. Jumlah terbitan dina basa Indonesia mah sakitu nyayudna. Teu saimbang.
Di jaman kiwari, buku2 (tulisan2) dina basa Sunda teu pati loba. Nu jadi sabab, kuring yakin lain alatan basa Sunda teu cocog dipake basa tulisan, tapi alatan kadeseh ku basa Indonesia. Jeung deuih, nu kadeseh teh lain karya dina bentuk tulisan2 wungkul, basa lisanna oge kadeseh. Mangga bae uningaan sabudeureun urang, tos seueur nu nyarios basa Sunda di Tatar Sunda. Kamari bae, nyimpang ka hiji restoran di Sadang-Subang, urang keukeuh nyarita basa Sunda, nu ngaladangan keukeuh make basa Indonesia.
Fenomena ieu, justru kudu "dilayanan", masarakat kudu dibiasakeun maca buku2 Sunda, jeung ngabiasakeun nyarita--boh dina forum formal atawa informal--dina basa Sunda (perda-na mah cenah geus aya). Conto:
Poe jumaah kamari kuring ulin ka UI-Depok, ngahajakeun pedah aya iber & uleman ti Kang Yani & Mang Ayat (Prof. Ayatrohaedi) ti SIMPAY (sabangsaning paguyuban urang Sunda staf UI--Kang Yani, neda pangropea bilih simkuring lepat) nu ngayakeun acara tepang sasihan, medar unak-anik Sunda, make basa Sunda. Acarana mah semu-formal, da udagan ka hareupna teh aya rencana muka program studi Sunda di FIB-UI. Nu midang munggaran teh Mang Hasan Jafar (sebutan "mang" teh diformalkeun di forum eta mah), medar ngeunaan sajarah Sunda ditilik tina titinggal arkeologi mangrupa prasasti. Bulan hareup, 9 September, giliran Mang Ayat medar sajarah Sunda tina naskah2 (manuskip).
3. bahkan urang sunda oge teu biasa silih seseratan dina basa sunda, matak ningal kecap-kecap dina basa sunda teh boa araneheun..
Ah piraku... sababaraha taun ka tukang, jaman kuring kuliah keneh, susuratan jeung indung/bapa teh sok make basa Sunda, tara make basa sejen. Atanapi, uningaan bae milis ieu, kapan surat2 (elektronik)-na teh make basa Sunda? Teu aneh teu sing. Aneh soteh pikeun nu tara, meureun...
Bisa jadi, bahasa tulis Sunda mah, kaetangna Visualisasi Bahasa Lisan, sanes bentuk bahasa tulis anu settle -euleuh, naon deuih ieu teh.
komentar kuring sarua jeung poin nu kahiji.
Simkuring ayeunna nembe nincak semester V (tebih keneh tina skripsi), teu acan bentes pisan kana teori-teori, boh teori Linguistik, Psikologi, Sosiologi, utamina anu patali sareng media massa-masyarakat.
Wilujeng teuteuleuman di dunya kampus, hehe...
Hoyongna mah, penelitian ieu minimal janten awareness. Tina pamendakan karakteristik basa sunda, urang bakal meunang gambaran anu leuwih atra, kumaha strategi ngamumule bahasa sunda nyanghareupan era globalisasi ieu.
Sae pisan udaganana, mangga dilajeng...
wassalaam,
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

