Bade ngabewarakeun, wirehna dina ping 12 Agustus anu
kalangkung, bada jumaahan di FIB UI parantos
dilaksanakeun sawala 'sumber-sumber sajarah Sunda' anu
didugikeun ku mang Hasan Djafar, anu medarkeun sumber
sajarah Sunda dina prasasti ti awit jaman radja
Tarumanagara dugi ka jaman awal abad 19.
Ti KUSnet anu sumping teh aya kang Didin ti Bekasi,
Kang Hendra ti Bogor sareng Kang Kumincir (kuncen
KUsnet). Sadayana aya kana 21 jalmi anu ngahadiran eta
acara, anu saur panicia mah teu nyangka bakal
ditungkulan sakitu seueurna, margi taksiran panicia
mah paling oge mung dihadiran ku lima dugi ka sapuluh
jalmi.
Kagiatan ieu teh alpukahna Mang Ayat, anu ngahaja
ngayakeun acara ieu, minangka 'pemanasan' anu taun
payun baris diayakeun "paket kuliah basa/budaya sunda
24 SKS" kanggo mahasiswa anu gaduh minat nyandak
budaya Sunda. Wadah kagiatan ieu teh dinamian "Simpay"
nyaeta hiji paguyuban guar Sunda di FIB UI.

Kagiatan simpay ieu teh dibuka ku Ibu Dekan FIB UI
(Prof.Dr. Ida Sundari Husen, Dosen Sastra Perancis,
manten Atase Pendidikan di KBRI Perancis taun 1990 an,
jaman Dubesna pa Dodi asana teh), ku kawih basa Sunda
."Sok sanajan puluhan taun diajar basa Perancis, tapi
masih tetep emut basa sunda," kitu komentar ibu Dekan.
malihan mah cenah aya kawih dina basa Sunda, sihoreng
simanahoreng tarjamahan tina Sastra Basa Perancis.
(pan kapungkur oge aya lagu “Panon Hideung”, iramana
sami sareng salah sawios lagu anu terkenal di Eropa).

Tah, kagiatan simpay bade diayakeun tiap sasih. Kanggo
sasih payun (September), baris diayakeun ping 9
September, bada jumaahan oge. topikna perkawis Naskah
Sumber sajarah Sunda. tina prasasti ayeuna ka naskah
(pastina oge kalebet bakal nyarioskeun naskah Pangeran
Wangsakerta anu kantos heboh tea). Tah, kanggo para
wargi KUSnet anu hoyong terang langkung paos nyukruk
Ki Sunda di wewengkon akademis, mangga diantos,
haratis, tapi saur panicia teh langkung sae deui upami
masing-masing mekel kaemaman nyalira, teras dituang
balakecrakan (bohong ketang, ieu mah heureuy sim
kuring wae).

Sakitu nu kapihatur, mangga bilih bade ditambihan ku
kang Didin, Kang Kumincir atanapi Kang Hendra.

Baktos,

mrachmatrawyani





                
__________________________________ 
Yahoo! Mail for Mobile 
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone. 
http://mobile.yahoo.com/learn/mail 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12htc7gl4/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124105337/A=2896125/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail";>Take
 a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who 
cares about public education</a>!</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke