Heu..heu. Hayang seuri maca pangalaman kang deny. Enya padahalmah "teu boga elmu nanaon" tapi alatan ku rajin kamasjid dianggap ku masyarakat didinya yen akang teh AJENGAN NU LUHUR KU ELMU JEMBAR KU PANGABISA. Katambah-tambah geus sukses nulungan jalma nu kasurupan ku jurig. Nya...meureun eta sikap masyarakat sacara umum. Kadang sok menilai urang teh jauh leuwih hade tibatan kaayaan nu saenyana. Puji Syukur ka Gusti Allah nu tos nutupan aib urang sadaya sahingga urang dihormatan, diajeunan, ku sarerea.
Deny Suwarja wrote: >Kang Dur, abdi maca ieu dongen estuning persis ieu kajadian kaalaman ku kuring >nyalira basa keur bubuara di Banten. >Ngan tibalik anu ngalaman kaasupan kunti teh, basa abdi mah awewena. > >Kieu basa pangalaman abdi mah... > >Kuring basa tahun 1995 teh tugas di hiji kampung anu ngarana Bojongmanik. Hiji >kacamatan leutik, gigireun Baduy. Da ka Baduy teh ukur satengah jam! Can lila >tugas di desa eta teh, paling karak 5 bulan asana mah. > >Kusabab, tempat pakasaban teh jauh pisan ti kota. Kapaksa anak pamajikan teh >teu milu dibawa. Jadi we, kuring lelengohan.... Keur ngeusi kasibukan mah >ampir tiap solat, kuring ngadon cicing di masjid. Wirid, maca Quran jeung >itikaf we. Da pernah ngadenge ti batur, desa anu dicicingan ku kuring teh >masih kuat pelet jeung werejitna...Jaga-jaga tidituna mah! > >Nya Alhamdulillah, salamet salila 5 bulan teh. Taya halangan harungan. Malahan >kuring dipercaya jadi merebot, malah tadina mah dititah jadi imam masjid >sagala. Ngan kuring nolak da teu wani. Rumasa kuring mah da cicing di masjid >teh ukur ngeusi waktu pedah euweuh anak pamajikan... Lain kusabab luhur elmu. > >Na atuh, dina hiji sore kuring keur ngaliwet. Dina panto kadenge anu keketrok, >bari ngageroan jiga anu rusuh. "Tok..tok...tok... Pak Deny, Pak Deny... >Punteeeen, Asalamu'alaikum!" >Kuring rurusuhan, ka tepas muru panto. Ari pek, tatangga anu imahna lumayan >jauh aya kana 500 meter ti imah kontrakan teh. "Aya naon pak?" ceuk kuring. >"Ah, moal waka diterangkeun. Punten we Pak Deny kudu milu heula ka imah >kami!", ceuk eta tatangga tea, make basa Banten. Nya kuring nuturkeun we, da >jigana eta jelema bener butuhna teh ka kuring... > > > >--<diteukteuk>-- > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hm84fuo/M=362329.6886307.7839373.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124161784/A=2894324/R=0/SIG=11hia266k/*http://www.youthnoise.com/page.php?page_id=1998">1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

