wA'ALAIKUMSALAM kang runa... kade hilap minggu iyeu kumaha urang.. badanteun keun perkawis usaha US tea , upami tiasa ka tim nu di jakarta urang kempel enjing lah... sakanteunan upacara yeuh..
On 8/15/05, Runa Inawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamu'alaikum Wr. Wb. > > Kumaha daramang baraya sadayana ? Mugia urang sadayana aya > dina panangtayungan ti Alloh SWT. Amin. > > Wilujeng tepang deui sareng simkuring saparakanca di ieu > lembur tangtosna dina waktos ayeuna. > Dina danget ayeuna simkuring bade medar hasil KUSnet Bogor > ngawangkong siaran di Radio Pertanian Ciawi (RPC) Bogor > dina frekuensi 107.7 FM dina wengi saptu kamari tabuh 8 > dugi ka tabuh 10. > > Anu kaleresan tiasa sumping dina eta acara teh nyaeta kang > Tantan Hermansyah, kang Eko Ruska Nugraha, Kang Hendra > Wijaya, Kang Reza Krisdian, Kang Taufiq sareng simkuring > anu katelah Runa Inawan sang pameget tea (bisi nyalahan > deui, heu..heu..). > > Acarana teh dingawitan ku ngahaleuangkeun tembang ti Doel > Sumbang anu judulna Urang Sunda (anu inti tina lagu eta > teh nyaeta kamarana cenah urang sunda teh di jaman kiwari > teh, mani lep kereles cenah, upami teu lepat kitu). > Diteraskeun ku kenalan sewang-sewangan. Saatos perkenalan > diteraskeun deui ku medar perkawis KUSnet, naon eta > KUsnet, naon anu digarapna salami ieu. > > Alhamdulillah dina salami acara ternyata interaktif oge. > Seueur oge anu ngarespon positif ku ayana KUSnet ieu anu > ngamumule kasundaan ngangge media internet. Anu > pikalucueun mah aya baraya pamiarsa RPC (wanoja deuih) anu > nuju diajar basa sunda, ceuk paribasa simkuring mah mani > tibeberegég hoyongeun tiasa nyarios sunda ditambihan lucu > deuih soantenna, duka tah jalmina pikalucueun teu nya, > he….he…. > > Aya pertarosan ti pamiarsa RPC anu teras ngeleketek > kapikiran wae ku simkuirng teh. Pertarosanana nya eta > (kirang langkung kieu) : > 1. KUSnet teh kan nyaeta Komunitas Urang Sunda di > Internet, naon wae manfaatna cenah internet teh kanggo > kamajengan para patani? > 2. Tos dugi kamana peranan pihak Perguruan Tinggi dina > raraga ngawangun pertanian teh, terutamina dina strategi > ngokolakeun lahan anu sempit? > Tah tina eta dua pertarosan teh anu katangkep ku simkuring > mah nyaeta kumaha kontribusina (naon basa sunda na teh) > KUSnet khususna anu notabene salah saiji komunitas anu > ngagaduhan akases laluasa kana bidang informasi lantaran > kuayana internet pikeun sami-sami ngamajengkeun para > patani sareng intina mah nungtut/nyuhunkeun perhatosan ka > para kaum intelektual kanggo sami-sami icikibung dina > ngawangun pertanian sangkan patanio tiasa hirup sajahtera. > Tah ieu teh saur simkuring mah tantangan kanggo urang > sadayana kanggo ngiringan mikiran tur hojah dina > memperjuangkeun kahirupan patani anu teu weleh kagencét > tur digencet anu akhirna beuki pejét rejét. > > Teras kaleresan pisan tur ieu teh kasempatan kanggo urang > KUSnet pikeun tiasa ngeusian acara di RPC rutin terutamina > dina acara kasundaan. Anjeunana anu kaleresan Kepala > Pengelola RPC Kang Ramdan tea nawisan ka KUSnet > saparakanca upamana wae KUSnet ngagaduhan konsep acara anu > layak/sae kanggo di siarkeun di RPC (contona diajar > undak-usuk basa sunda, jrd). Tah ku kituna susuganan di > antawis urang KUSnet anu ngagaduhan info mangga diantos > infona, anu ngagaduhan waktos kanggo ngeusi acara > kasundaan di RPC mangga diantos pisan partisipasina. > Perkawis ieu baraya sadayana mangga tiasa ngontak KUSnet > anu aya di bogor atanapi simkuring di 0818109410. Kanggo > menindaklanjuti (naon nya sundana) ieu lolongkrang insya > Alloh KUSnet wewengkon Bogor bade nyusun2 konsep format > acarana (kumaha tah siap teu KUSnet anu aya di bogor > atanapi KUSnet2 anu sanesna???) > > Panginten sakitu heula anu kapihatur, kanggo baraya KUSnet > anu kamari ngiringan siaran di RPC mangga bilih bade > nambihan bilih aya anu kirang. Mugi2 KUSnet tiasa nyulusup > dina bidang Radio sareng kapayuna mah tiasa siaran dina TV > (RCTI, SCTV, TransTV, TV7, Metro TV, ANTV, LATIVI, TPI, > TVRI), teras secara rutin tiasa ngintunkeun > artikel/tulisan di media2 cetak. Hayu urang manfaatkeun > media2 informasi anu aya. > > Kanggo baraya KUSnet anu aya di Jakarta, Banten, Subang, > Purwakarta, Bekasi, Sukabumi, Cianjur, Kuningan, > Tasikmalaya, Ciamis, Indramayu, Majalengka, Cirebon > (Bandung mah tos sering kantun ditingkatkeun panginten > intensitasna), Sumedang, Karawang, Garut, sareng KUSnet > anu dimana wae ayana di siklukna disuklakna, hayu ramekeun > radio ku KUSnet anu tangtosna dina raraga ngamajeungkeun > tur nanjeurkeun kasundaan (budayana, ekonomina, politikna, > pendidikanana, agamana, sosialna, jrd). > > Hatur nuhun ditungtungan ku "hapunten anu kasuhun" > Wassalamau'alaikum Wr. Wb. > > Baktos ti Pribados, > > Runa Inawan - Jajaka Pertentang Siap Tandang Makalangan > KUSnet - [email protected] > www.urang-sunda.or.id > ======================================================================================== > Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah > Jawa Timur. > Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN > (467826) > ======================================================================================== > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hp4al36/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124175570/A=2896112/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com ">Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children¿s Research Hospital</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

