BEDUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUL SIAH!
UING KATIPU DEUI!
KADUHUNG DIBACA NEPI KA BERES, NYAHO REK DISUGUHAN HITUT NU GEULIS JABA BAU BANGKE!
DENY
agus hermawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
agus hermawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Abdi ge gadung pangalaman. Mangga we upami bade disebat tahayul ge.Kajantenan teh di lift kantor. Biasa ari balik kantor teh sok liwat ti tabuh sawelas peuting.Tempat gawe teh di lantai tilu. Biasana lewat jam kantor, kabeh lantai geus dipareuman lampu teh.Jadi nya lantei tempat gawe kuring we nu biasa masih rame teh. Maklum gawena peuting.Tah hiji mangsa, emut pisan abdi mah, malem jumaah. Di luar hujan girimis. Kajongjonan ngobrol jeung babaturan. Lewat tengah peuting karek bubar ngobrol teh. Nya gura-giru rek balik. Peuting harita teh kabeneran bareng duaan jeung babaturan asup ka lift rek ngadon turun. Pas asup aya awewe di lift teh. Teu pati apal bagian mana. Lumayan geulis. Sakejap mikir, ieu karyawati bagian mana asa an kungsi kenal. Nya ukur maledog imut, lumayan. Sup we abdi jeung batur teh asup ka lift.Na, atuh pas mencet tombol G (ground), panto lif nutup. Rep teh lampu lift pareum!! Poek kabina-bina. Curuk ge teu katinggali-tinggali acan. "Kenapa pareum ya?" ceuk batur kuring. "Korslet meureun," ceuk kuring nenangkeun hati. Cik teangan interkom euy, menta tulung ka satpam. Awewe nu tadi aya di lift mah teu kecet-kecet acan. Poek hese neangan interkom teh.Na atuh... hiliwir teh bau bangke. Hanyir kabina-bina. Babaturan langsung nyepeng leungeun kuring. Kesang leungeuna karasa nyecep tiis. Bulu punduk mah komo kuat ka rancung."Euleuh nyaan, tadi teh lain awewe... make jeung bau bangke sagala.Gusti, kaalaman oge geuning papanggih jeung kunti teh" gerentes kuring. Babacaan mah ti kulhu, nepi ka ayat kursi geus dibolak balik tapi bau bangke teh kalahka beuki karasa. Maklum di jero lift.Nya atuh, can kapanggih interkom. Bray lampu caang!Alhamdullillah... napas karasa plong.Ret panon, ngalirik ka "kuntilanak" asal bau tea...Nya atuh!! manehna kalah nyerengeh... "Maap... mass... tadi saya perut saya mules.. enggak nahan..." cenah. Bedul!!, sugan teh bau mayit, manahoreng si geulis hitut!!salamagusheMessage: 7
Date: Mon, 15 Aug 2005 06:05:10 -0700 (PDT)
From: Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: KUNTI (Pangalaman Kuring Nyalira)
Kang Dur, abdi maca ieu dongen estuning persis ieu kajadian kaalaman ku kuring nyalira basa keur bubuara di Banten.
Ngan tibalik anu ngalaman kaasupan kunti teh, basa abdi mah awewena.
Kieu basa pangalaman abdi mah...
Kuring basa tahun 1995 teh tugas di hiji kampung anu ngarana Bojongmanik. Hiji kacamatan leutik, gigireun Baduy. Da ka Baduy teh ukur satengah jam! Can lila tugas di desa eta teh, paling karak 5 bulan asana mah.========= deleted========
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

