Wa'alaikum salam,
Haturan Kang Nata. TQBS teh leres sakumaha kasauran Ua Siddik, singgetan tina Tarjamahan Al Qur'an Basa Sunda. Ieu TQBS ngarupakeun salah sahiji garapan warga Kusnet anu diluluguan ku Kang Hasan/MH (salah saurang moderator di
[email protected], alamat e-mailna: [EMAIL PROTECTED]) sasarengan sareng garapan sanesna anu dipupuhuan ku anjeunna sareng Kang Rudy-Abudhabi jrrd (Digitalisasi Poesaka Soenda, Pupuh 17, Roesdi jeung Misnem, Koropak).
Ngeunaan TQBS, ngawengku kumaha proses ngagarapna, saha bae tim anu icikibung di dinya, daftar surah, jst, mangga tiasa diuningaan di alamat ieu: http://www.urang-sunda.or.id/alquran/
. Garapan-garapan sanesna tina "proyek" digitalisasi pustaka Sunda" tiasa dipariosan di alamat http://www.urang-sunda.or.id/ .
Sanesna ti eta, si kuring kalayan kenging bahan ti Kang Hasan, parantos oge nyusun bahan sosialisasi ieu digitalisasi pustaka Sunda + TQBS dina wangun powerpoint. Ieu bahan sosialisasi diantara eusining sosialisasi anu ayeuna keur digarapan (geus ampir rengse) ku gawe bareng antara Kusnet (Yayasan Perceka) sareng Majalah Cupumanik. Upami salira hoyong ieu bahan sosialisasi (anu aya di abdi), mangga ngajapri bae (ageungna kl 865 KB). Hatur nuhun.
baktos,
manAR
On 8/16/05, S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikumHatur nuhun K Oman, namung punten bade naroskeun, upami TQBS teh naon nya....?hehehe...abdi rada lelet kana istilah komputer mahWassalamS M NatapradjaKomunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id----- Original Message -----From: oman abdurahmanSent: Tuesday, August 16, 2005 2:53 PMSubject: Re: [Urang Sunda] walimahan Ani-Ikmal, Subang--Alquran digital
Webiste anu ngamuat Al Qur'an seueur pisan. Salah sahiji website malah nuju ngadamel proyek Al Qur'an multibahasa (multilingual Qur'an), sakumaha dina alamat website ieu : http://al-islam.org/quran/ . Dina ieu alamat, kanggo nampilkeun teks arab sareng tarjamahanna, pilih bae (contreng) dina kotak2 anu disayogikeun palih kenca, teras klik disply. Kapayun, sigana proyek TQBS oge tiasa didamel sarupi Al Qur'an dina alamat website tadi, sugan pareng.Mangga wilujeng lalayaran.baktos,manAR
On 8/16/05, durahman <[EMAIL PROTECTED] > wrote:Maksad kang Nata teh hoyong ngadamel nu sarupaning kieu? Mangga atuh mudah-mudahan sukses ngadamelna. Ari kurngmah geus boga, kang. Meunang download ti intenet. Tapina ayeuna linkna tos teu aya. tos paeh.
S M Natapradja wrote:Assalamu'alaikum wr wb Hatur nuhun akang, abdi parantos nyobian sareng di utak-utik weh digu ka tiasa na sakedik-kedikeun mah, namung aneh sa atos na ngadamel folder, pas di klik ( di buka ) naha sawareh seratan nana blank.....saleresna mah abdi hoyong tiasa ngadamel program Al Qur'an kanggo sa-abdi-eun nyalira anu bentuk programna sakumaha anu di pika hoyong, supados satiap muka Qur'an teh ulah ngangge wae CD,sapertos anu abdi gaduh Al Qur'an Vers 8.0 ( anu terakhir )sanaos parantos di installed, namung tetep weh kedah ngalebetkeun CD na upami bade muka teh, sanes alim sih...namung asa teu praktis weh. janten waktos abdi ngadamel folder contoh na: 01_AL FATIHAH.....dina blank page na ku abdi di paste tina file nyaeta huruf arab sareng hartosna, sa atosna di save abdi ngadamel folder ka 2 ( 02_AL BAQARAH ) sa atosna di save deui, pas ku abdi di cobian di klik deui anu ka 1 ( AL Fatihah ) ari seratan hartosna aya kaluar , naha ari hurup arab na teu aya ( blank )hihihihi....lucu sareng aneh tapi ku abdi bade teras di cobian deui, mudah2an wae tiasa.-- Wasalam,Durachman http://durahman-cirebon.blogspot.com/
SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture Hispanic culture Jewish culture Organizational culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

